1.
Kagiatan wawancara anu pananyana teu dirumuskeun
heula ku pawawancara disebutna….
A.
kauger
B.
kaiket
C.
madyabébas
D.
madyakauger
E.
bébas
2.
“Bapa/ibu, sateuacana hapunten bilih abdi ngaganggu
waktosna sakedap. Abdi badé ngawanohkeun. Nami abdi Farhan sareng ieu
réréncangan abdi Sayyid. Abdi sareng réréncangan, di pancenan tugas ku guru
bahasa sunda dipiwarang ngawawancara salah saurang guru. Nah, sim abdi sareng
Sayyid nyuhunkeun widi Bapa/Ibu janten narasumberna. Kinten-kinten bapa/ibu
kersa atanapi henteu upami diwawancara?”
Ungkara
di luhur dina struktur wawancara kaasup kana….
A.
bubuka
B.
eusi
C.
panutup
D.
pangwidi
E.
pamungkas
3.
“….aya pangalaman anu kirang nyenangkeun kanggo
bapa/ibu salila janten guru?”
Kecap
pananya anu luyu (sesuai) pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
A.
Saha
B.
Iraha
C.
Kumaha
D.
Naha
E.
Di mana
4.
Kalimat pamungkas pikeun nutup wawancara nyaéta….
A.
“Pa/bu apa sateuacan ngawulang di sakola ieu,
bapa/ibu kantos ngawulang di sakola
sanesna?
B.
“Naha aya pangalaman anu kirang nyenangkeun kanggo
bapa/ibu salila janten guru?”
C. “Bu/pa, naha
profesi janten guru teh memang mangrupakeun cita-cita ibu/bapa ti
alit?”
D.
“Nah, cekap sakitu wae wawancara singkat ti simabdi
sareng rerencangan. Hatur
nuhun kanggo waktosna pa/bu.”
E.
“Kunaon bapa/ibu langkung milih ngawulang dina
widang palajaran ...?”
5.
Wawancara antara Ari Ardiansyah (ti
majalah Cupumanik (CM)) jeung dalang Dédén Kosasih Sunarya (DKS) ti Lingkung Seni Putra Giri Harja 2.
CM : Nepangkeun , abdi
Adi Ardiansyah ti majalah Cupumanik.
DKS : Dédén. …….
CM : Badé wawancara
perkawis dalang kana atikan.
Kalimahanu
merenah pikeun ngalengkepan wawancara
di luhur nyaéta….
A. Majalah
Cupumanik téh anu medalna saminggon sakali, sanés?
B. Abdi
dalang ti Lingkung Seni Putra Giri Harja 2.
C. Mangga
linggih! Aya anu tiasa dibantos?
D.
Numutkeun sadérék, kumaha sumbangan
dalang kana atikan?
E.
Manga linggih! Badé ngaleueut naon? Kopi
atanapi téh?
6.
Téks:
Narasumber :
Pan aya opat rupa sakola téh. Kahiji, sakola nu kualitasna handap, mayarna
murah. Kadua, nu kualitasna saé, mayarna mahal. Katilu, nu mayarna murah,
kualitasna saé. Kaopat, nu mayarna mahal, kualitasna handap.
Dina hal lieu, narasumber nepikeun pamanggihna ngeunaan….
A. sakola anu murah
B. sakola anu mahal
C. sakola nu kualitasna handap
D. rupa-rupa kualitas sakola
E. sakola nu kualitasna hadé
7.
Aya jenis kagiatan wawancara anu ngalibatkeun
sababaraha narasumber. Upamana waé acara talkshow ILC di TVone di mana salian
ngalibatkeun narasumber anu pro jeung kontra kana topik anu dibahas, ogé
ngulem narasumber ahli anu paham kana matéri wawancara. Wawancara anu
dimaksud kaasup jenis wawancara….
A.
konférénsi
B.
mandiri
C.
kelompok
D.
kauger
E.
bébas
8.
kalimah pananya dina wawancara bisa ngagunakeun
kecap pananya 5W+1H, anu ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi kecap-kecap….
A.
naon, mana, saha, ku saha, naon sababna, kumaha
B.
mana, di mana, ka mana, iraha, kunaon, kumaha
C.
saha, naon, iraha, di mana, naha, kumaha
D.
saha, naon, mana, iraha, naon sababna, kamana
E.
naon, ku saha, ti saha, di saha, ka saha, keur saha
9.
Pananya: “Numutkeun sadérék, kumaha sumbangan dalang
kana atikan?”
Kalimah
pananya di luhur miharep jawaban ngeunaan….
A.
pangaruh dalang kana atikan
B.
kaayaan kamekaran dalang
C.
undakna ajén atikan
D.
peranan dalang anu bisa jadi pangatik
E.
dalang jeung pangatik téh sarua
10.
Pananya: “Numutkeun Bapa, …. kaayaan basa Sunda di
lingkungan sakola?
Kecap
pananya anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….
A.
saha
B.
di mana
C.
naon
D.
kumaha
E.
iraha
11.
Nu ngawawancara
teu meunang nyawad atawa ngawada kana pamanggih narasumber. Nu ngawawancara
mah pancénna gé ngan ukur nyatetkeun, ngarékam, atawa ngadokuméntasikeun
hasil wawancara. Nu ngawawancara gé teu menang katingal mihak atawa
terang-terangan ningalikeun sikap teu sapuk kana perkara anu dibahas.
Ti
wacana di luhur, tatakrama nu kudu dimiboga ku nu ngawawancara nyaéta….
A.
sopan
B.
santun
C.
nétral
D.
loba kanyaho
E.
ati-ati
12.
Dina wawancara téh kudu boga tatakrama. Salah
sahijina nyaéta tatakrama nu raket patalina jeung ragam basa nu dipaké ku
panyatur, pamiarsa, jeung nu dicaritakeun kudu saluyu jeung kontéks situasi.
Tatakrama anu dimaksud nyaéta….
A.
tatakrama paripolah
B.
tatakrama sikep
C.
tatakrama gaul
D.
tatakrama pasemon
E.
tatakrama basa
13.
Kalimah pananya téh gunana pikeun nanyakeun
naon-naon nu hayang dipikanyaho ti jalma nu ditanya, utamana dina kagiatan
wawancara.
Ieu
di handap nu teu kaasup kana cir-ciri kalimah pananya, nyaéta….
A. ditungtungan ku tanda pananya (?)
B. di wangun tina kalimah wawaran
C. ngandung kecap pananya
D.
miharep résponse nu mangrupa jawaban
E.
miharep résponse nu mangrupa tindakan
14.
Ieu di handap henteu kaasup nu sok ngayakeun
wawancara, nyaéta….
A.
nu ngetés calon pagawé
B.
wartawan
C.
panalungtik
D.
pulisi
E.
padagang
|
|
|
|
Tidak ada komentar:
Posting Komentar