Sabtu, 09 Mei 2020

LATIHAN SOAL WAWACAN (KELAS XI SEM 2)



1.   Karya sastra buhun nu eusina ngalalakon, ukuranna panjang sarta sok gunta-ganti pupuh. Ganti pupuh dina wawacan mangrupa pananda gantina episode atawa babak.  Macana gé sok dihariringkeun. Sawaréh carita wawacan sok dipidangkeun dina beluk. Karya sastra anu dimaksud nyaéta…..
A.    sajak
B.     guguritan
C.     wawacan
D.    carita rakyat
E.     hikayat

2.      Wawacan kaasup kana wangun fiksi.  Nyaeta naon-naon anu dicaritakeun  sagembléngna ukur rékaan atawa imajinasi  pangarang.
Wacana di luhur ngajelaskeun salasahiji ciri wawacan nyaéta…..
A.    para palakuna mangrupa jalma linuhung
B.     kanyahoan nu ngarang jeung waktu nulisna
C.     dianggit maké patokan pupuh
D.    jalan caritana panjang
E.     jalan caritana umumna ngandung unsur pamohalan

3.      Dina struktur atawa wangun wawacan aya bagéan nu eusina neda widi katut  muji sukur ti anu nulis ka Nu Maha Kawasa katut  solawat ka Kangjeng Rosul. Bagéan ieu dina struktur wawacan disebutna….
A.    manggala sastra
B.     eusi
C.     kolofon
D.    panutup
E.     pamungkas

4.      Téks:
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
nu murah ka mahluk kabeh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya eta Nabi panutup
miwah muji sahabatna

Ungkara di luhur dina struktur wawacan kaasup kana bagéan….
A.       manggalasastra
B.        eusi
C.        panutup
D.       pupujian
E.        amanah

5.      Di handap ieu mangrupakeun ciri-ciri wawacan, iwal….
A.       mangrupa karangan narasi
B.        jalan caritana panjang
C.        jalan caritana ngandung unsur pamohalan
D.       teu kanyahoan pangarangna
E.        ditepikeunana dihaleuangkeun/ditembangkeun (dibeluk)

6.      Minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan téh biasana sok dihaleuangkeun anu disebutna….
A.    mantun
B.     nembang
C.     ngawih
D.    beluk
E.     nadoman

7.      Di handap ieu manrupakeun conto kalimah anu ngandung rarangkén tengah(infiks) nyaéta….
A.    Kudu rajin di sakola méh teu jadi jelema bodo
B.     Barodo pisan budak téh, geus garedé gé hésé dititah solatna
C.     Nyeri hate kuring ningali manéhna leumpang jeung awéwé séjén
D.    Néng Ima panggeulisna di lemburna. Wajar waé mun katelah kembang désa Cibodas.
E.     Mempeng deukeut hayu urang sosonoan.

8.      Anu ngabédakeun wawacan jeung guguritan nyaéta….
A.    guru gatra jeung wangun pupuh
B.     panjang karangan jeung wangun pupuh
C.     struktur carita jeung motif carita
D.    palaku carita katut watekna
E.     latar jeung situasi eusi karangan

9.      Pupuh nu mindeng dipaké dina wawacan, kaasup Sekar Ageung, nyaéta….
A.    Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula
B.     Kinanti, Sinom, Maskumambang, Durma
C.     Kinanti, Mijil, Pucung, Wirangrong
D.    Kinanti, Sinom, Asmarandana, Durma
E.     Kinanti, Asmarandana, Magatru, Pucung

10.  Dina wawacan téh digunakeun rupa-rupa pupuh pikeun ngagambarkeun rupa-rupa….
A. palaku
B.  amanat carita
C.  situasi (kaayaan)
D. gayabasa
E.  galur carita

11. Minangka karangan panjang dina wangun pupuh, wawacan téh sok dihaleuangkeun. Ngahaleuangkeun wawacan téh disebutna….
A.    mantun
B.     nembang
C.     ngawih
D.    beluk
E.     nadoman

12.   Ieu di handap mangrupakeun unsur-unsur prosa fiksi anu aya dina wawacan anu mangrupa carita, iwal….
A.    téma
B.     palaku
C.     karancang
D.    amanat
E.     wirahma

13.  Ieu di handap anu henteu kaasup kana judul wawacan, nyaéta….
A.    Babad Mekah
B.     MAntri Jero
C.     Sajarah Ambiya
D.    Sri Dangdayang Tresna Pohaci
E.     Sajarah Sunan Gunung Jati

14.  Ieu di handap henteu kaasup kana kecap nu dirarangkénan tengah, nyaéta….
A.       kumecrot
B.        tinangtu
C.        karancang
D.       balageur
E.        daratang

15.  Ieu di handap henteu kaasup kecap nu dirarangkénan tengah -al-, nyaéta….
A.       balantik
B.        lalucu
C.        lalogor
D.       baleungkar
E.        lalulus



LATIHAN SOAL BIOGRAFI (KELAS XI SEM 2)


1.      Tulisan ngeunaan riwayat hirup hiji jalma disebutna….
A.    géografi
B.     monografi
C.     biografi
D.    léksikografi
E.     palografi

2.      Ieu di handap anu henteu kaasup kana wanda jeung sipat riwayat hirup, nyaéta….
A.    otobiografi
B.     biografi
C.     authoried biography
D.    unauthorized biography
E.     electric biography

3.      Ieu di handap ilaharna teu kaasup kana eusi biografi, nyaéta….
A.    ngaran, tempat, titimangsa lahir, jeung kulawarga
B.     cita-cita jeung pangalaman atikan
C.     pangalaman gawé jeung organisasi
D.    kakayaan  jeung harta benda nu dipiboga
E.     préstasi nu kacangking
4.      Najan aktif dina ékstrakulrikulér, Aris tetep némbongkeun kadariaan dina widang akademik. Ku kituna, ti mimiti kelas VIII, Aris réngking hiji waé. Waktu diumumkeun kalulusan, Aris gé jadi juara umum lantaran punteun UN panggeudéna sa-SMP.

Sempalan otobiografi di luhur medarkeun…..
A.    kasang tukang kaluarga tokoh
B.     kaparigelan/kaistiméwaan tokoh
C.     kasang tukang pendidikan
D.    idéntitas tokoh
E.     carita tokoh keur leutik

5.      Téks:
Hiji mangsa, réréncangan Radén Déwi Sartika nampi serat. Kumargi teu tiasa maca, nya nyuhunkeun pangmaoskeun ka Radén déwi sartika. Anjeunna sedih ningali nasib kaomna siga kitu téh. Kumaha lamun eusi surat téh bakal nyilakakeun dirina? Ěta nu jadi salasahiji pangjurung ka Radén Déwi sartika pikeun ngamajukeun kaom wanoja.

Sempalan biografi di luhur nyaritakeun….
A.    cita-cita Déwi sartika
B.     tarékah Radén Déwi Sartika dina ngahontal cita-citana
C.     bédana jasa Radén déwi sartika jeung R.A. Kartini
D.    pangjurung (motivasi) Radén Déwi Sartika pikeun ngaronjatkeun kaum wanoja
E.     pangajén anu dianugrahkeun ka Radén Déwi Sartika

6.      Radén Déwi Sartika gedé pisan jasana enggoning ngaronjetkeun darajat kaum wanoja.
Kecap wanoja dina kalimah di luhur bisa diganti ku kecap….
A.    budak
B.     kolot
C.     awéwé
D.    lalaki
E.     bangsawan

7.         Pikeun ngalaksanakeun cita-citana, Radén Déwi Sartika ancrub kana widang atikan ku cara ngadegkeun sakola.

Kecap anu dimiringkeun tarjamahna….
A.    terjun – pendidikan
B.     tinggal – pendidikan
C.     masuk – pendidikan
D.    terjun – keilmuan
E.     tinggal – keilmuan

8.      Téks:
Ku lantaran harita nu nyekel kakawasana téh para ménak nu kacida pageuhna kada adat istiadat, kaum wanaja teu bisa majar kumaha, salian ti narima kana nasibna. Golongan feudal nuduh yén upama wanoja pinter (jembar ku élmu), ieu téh patukang tonggong jeung adat kabiasaan (tradisi). Tapi Radén Déwi Sartika nandeskeun yén adat kabiasaan téh dijieun ku jelema, ku kituna bisa dirobah deui ku jelema kénéh diluyukeun jeung kamajuan masarakat atawa jaman.
Sempalan teks biografi di luhur nyaritakeun….
A.    kasang tukang kahirupan masarakat di sabundeuran tokoh
B.     tradisi masarakat anu patukang tonggong jeung cita-cita tokoh
C.     dukungan atawa pangjurung anu ditarima tokoh ti masarakatna
D.    tradisi masarakat anu luyu (sesuai) jeung jaman
E.     sajajarna kaom wanoja jeung kaom lalaki
9.      Téks:
Tanggal 1 Desémber 1966 kalawan alpukah jeung usahana “Panitia Peringatan Hari Pahlawan  Radén Déwi Sartika” di Jakarta anu diluluguan ku Gubernur Daérah Husus Ibukota Jakarta Raya, Ali Sadikin, Pamaréntah Républik Indonésia netepkeun Radén Déwi Sartika jadi Pahlawan Nasional dumasar Surat Keputusan No. 252, tanggal 4 Désémber, nyaéta dinten dibabarkeunana Radén Déwi Sartika minangka “Hari Nasional”.

Sempalan   biografi di luhur nyaritakeun….
A.    identitas tokoh
B.     riwayat atikan tokoh
C.     riwayat pagawéan tokoh
D.    hal anu bisa dituladan ti tokoh
E.     pangajén/panghargaan anu ditarima tokoh

10.  Téks:
Sanggeus ngadeg sakolana gé, teu saeutik halangan-harungan nu tumiba. Réa anu nyeungseurikeun kana usaha-usaha Radén Déwi Sartika, nu ngahina kana dirina pribadi majar “awéwé jalingkak” , malah aya ti antara sadérékna nu ngarasa hariwang kana cita-citana, bisi ingkar tina ajaran Islam. Tapi Radén Déwi Sartika henteu galideur, tetep ajeg dina pamadeganana.

Anu teu kaasup halangan-harungan Radén Déwi Sartika dina ngadegkeun sakola nyaéta….
A.    réa anu nyeungseurikeun kana usaha-usahana
B.     loba nu ngahina kana usahana
C.     teu meunang dukungan ti kolotna 
D.    Aya nu ngahina pribadina majar awéwé jalingkak
E.     Sadérékna aya nu hariwang bisi cita-citana ingkar tina ajaran Islam

11.  Kalimah anu eusina nepikeun béja, sangkan balaréa téh apal kana hiji informasi disebut kalimah….
A.    rundayan
B.     wawaran
C.     kantétan
D.    pangantét
E.     rarangkén
12.  Di handap ieu nu teu kaasup kalimah wawaran, nyaéta….
A.    Néng Yaya keur gering tipes.
B.     Pa Ukar téh gedé pisan jasana keur urang Sunda.
C.     Karesep Andi téh maca novel
D.    Déwi Sartika téh pahlawan ti Tanah Sunda
E.     Saha anu saré basa Bu Fanda ngajelaskeun materi integral?
13.  Aneke, cenah, tadina mah. Tayohna Alit těh něněhna. Bungsu ongkoh ti dua sadudulur. Rakana gě, Tineke, saterusna sok disebat Ageung baě. Atuh dina urusan dines lengkepna Alit Djajasoebrata.
Kutipan di luhur medar masalah....
A.    pasualan ngaran
B.     dedeg pangadeg (bentuk fisikna)
C.     kahirupan keur leutik
D.    kaparigelan
E.     kasang tukang kulawarga

14.    Ku lantaran harita nu nyekel kakawasana téh para ménak nu kacida pageuhna kada adat istiadat,…
Kecap ménak di luhur hartina….

A.    tokoh masarakat
B.     dunungan
C.     pamaréntah
D.    bangsawan
E.     rahayat biasa
15.    Ieu di handap teu kaasup kana jasa-jasa Radén Déwi sartika, nyaéta….
A.    ngadegkeun “Sakola Kautamaan Istri”
B.     milu bajuang ngalawan pangjajah Walanda
C.     nyusun buku ngeunaan kalungguhan wanoja Sunda
D.    ngasongkeun pamadegan yén adat istiadat féodal téh bisa dirobah
E.     ngabéla hak jeung kalungguhan wanoja Sunda

LATIHAN SOAL NOVEL (KELAS XI SEM 2)


1.      Karangan  rékaan dina wangun lancaran (prosa fiksi) anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut….
A.    carpon
B.     cartibag
C.     hikayat
D.    dongéng
E.     novel

2.      Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta….
A.    Gogoda ka Nu Ngarora karya M.A. Salmun
B.     Pangéran Kornél karya R. Méméd Sastrahadiprawira
C.     Baruang ka Nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata
D.    Pipisahan karya R.A.F
E.     Lain Éta karya Moh. Ambri

3.      Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel, nyaéta….
A.    tokohna loba
B.     karangan non fiksi
C.     alurna panjang
D.    latarna laluasa
E.     eusina nyaritakuen kahirupan sapopoé

4.      Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potrét Aom Usman tina pésak baju kutang; sor disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi Rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo teuing buktina, potrétna sakieu kasépna, surup jadi putra ménak. Nya ieu lalaki nu matak ngagégélokeun awéwé téh.”
Unsur dominan dina sempalan novel di luhur nyaéta….
A.    téma
B.     alur
C.     tokoh/penokohan
D.    amanah
E.     jihat sawangan

5.      Téks:
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji.
Numutkeun sempalan novel  di luhur, unsur instrinsik nu dominan nyaéta….
A.    téma
B.     watek (penokohan)
C.     alur
D.    latar
E.     amanah

6.      Téks:
Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”

Watek tokoh dina éta novel digambarkeun tina….
A.    penampilan jeung réngkak polahna
B.     dedeg pangadeg jeung kahayangna
C.     kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana
D.    caritaan tokoh séjén
E.     disebutkeun langsung ku pangarangna

7.      Téks:
Bongan teu tibareto, da ku abah ogé moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah.
Kecap enyaan dina sempalan novel di luhur bisa diganti ku kecap….
A.    sombong
B.     serius
C.     leulues
D.    sopan
E.     ambeuk

8.      Kecap rundayan dirarangkénan ka—an nu hartina ‘teu dihaja’, aya dina kalimah….
A.    Mang Junéd  kacilakaan di jalan cagak.
B.     Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan di jalan.
C.     Kang Ubun téh kabuktian teu salah.
D.    Balik ti Pangandaran téh kapeutingan da macét di jalan.
E.     Kuring kabeneran panggih jeung manéhna di péngkolan.

9.      Kang Asép keur antri kadaharan di tempat hajatan.
Kecap kadaharan dina kalimah di luhur pungsina pikeun ngawangun kalimah….
A.    sipat
B.     barang
C.     pagawéan
D.    katerangan
E.     pananya

10.   Téks:
“Ema ... Emaa, Emaaa! Asep nimu artos! Nimu artos!”
Haté jol-jol ngarasa bungah, nenjo adi nimu duit. Asa kaubaran meureun kacapéna, sasapu buruan sakitu legana heg nimu duit, Ema ogé lirén didamelna, nyelang neuteup Asep nu nyampeurkeun némbong-némbong duit panimu.

Pangarang nempatkeun dirina dina éta carita salaku ....
A.  jalma kahiji
B.   jalma kahiji jeung kadua
C.   batur
D.  jalma kadua
E.   jalma katilu

11.  Téks:
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban dawuhan Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna, mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan.”
Unsur instrinsik anu dominan ti sempalan novel di luhur nyaéta….
A.    téma
B.     tokoh/watek
C.     alur
D.    jihat sawang
E.     amanah

12.     “Meureun enya, jauh. Déwék ogé ukur semet dédéngé tara.”
Babasan dédéngé tara dina éta kalimah ngandung harti….
A.    Ngadéngé bébéja tapi teu puguh leunjeureunana
B.     Ngadéngé béja teu pati jelas
C.     Ngdéngé béja anu can puguh bener henteuna
D.    Béja anu dibéjakeun deui ka nu séjén
E.     Teu méré béja pisan

13.     “Manéhna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta tulang buta daging.”
Paribasa keur meujeuhna buta tulang buta daging dina éta kalimah ngandung harti keur meujeuhna….
A.    dipiara hadé-hadé
B.     beuki dahar
C.     daékan mun dititah
D.    gedé napsu hirup di dunya
E.     hésé mun dititah

14.     Kecap rundayan dirarangkén ka-an nu hartina ‘teu dihaja’, aya dina kalimah….
A.    Mang Junéd kacilakaan di jalan cagak.
B.     Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan di jalan.
C.     Kang Ubay téh kabuktian teu salah.
D.    Balik ti Pangandaran téh kapeutingan da macét di jalan.
E.     Kuring kabeneran panggih jeung manéhna di péngkolan.

15.     Jalma nu kacanduan narkotik téh diubaran di Pesantrén Suryalaya.
Kecap kacanduan ngandung harti….
A.    teu dihaja
B.     kakeunaan
C.     hal nu sipatna
D.    hal nu di…
E.     dihaja