Jumat, 08 Mei 2020

LATIHAN SOAL SAJAK (KELAS X SEM 2)



1.      Salasahiji karya sastra Sunda anu diréka dina wangun basa ugeran (puisi), tapi teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang saban padalisan jeung jumlah padalisan dina saban pada disebutna….
A.    pupuh
B.     guguritan
C.     sajak
D.    sisindiran
E.     wawangsalan

2.      Ngarobah sajak kana basa lancaran ku cara nambahkeun atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna disebut….
A.    dramatisasi
B.     parafrase
C.     déklamasi
D.    musikalisasi
E.     maca sajak

3.      Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif, nyaéta….
A.    Ari geus maju mah, menéhna téh wani nincak sagala.
B.     Adang sok maju ka hareup!
C.     Sok geura maju, ulah cicing waé di tukang!
D.    Mobil anyar téh maju mani gancang.
E.     Imah Wa Haji téh ayeuna mah geus maju ka gigireun jalan.

4.      Téks:
Sawah upluk-aplak
salin jinis robah wanda
ngajirim jadi kebon beusi beton
pabrik industri

Sawah sakotak
di tutugan dua gunung
di sisi dua lamping
dimurah-maréh

Sabada dianalisis, eusi sajak di luhur nyaéta....
A.    masih kénéh loba pasawahan di sabudeuran urang
B.     di mana-mana masih aya sawah anu ngahéjo
C.     harga sawah ayeuna geus murah
D.    kaéndahan alam teu robah najan zaman geus robah
E.     kaéndahan alam geus robah ku sabab diteureuy zaman

5.      Téks:
Tanah Sunda
Karya: Ajip Rosidi
…..
Kuring tungtung teuteupan
Kuring tungtung
Teuteupan
Tungtung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian geutih ngabayabah
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Maranéhna nu mikacinta lemah cai
Ngalungsar teu walakaya

Rasa anu kapanggih sabada maca puisi di luhur nyaéta….
A.    bungah
B.     bagja
C.     nyeuri
D.    keueung (tegang)
E.     daria

6.      Téks:
ZAMAN KIWARI 
Karya: Man Suparman

nu kudu dibuni-buni
disingsat-singsat dibuka-buka
disingkab-singkab ditémbong-témbong
nyalindung satukangeun
seni jeung hak azasi

Sabada dianalisis, eusi sajak di luhur nyaéta....
A.    muka aurat mangrupakeun hak azasi manusa
B.     aurat dibuka-buka, disingkab-singkab luyu jeung zaman
C.     aurat disingkab-singkab jeung ditémbong-témbong teu menang dikomplén
D.    seni jeung hak azasi leuwih luhur ti batan agama jeung moral
E.     watir ku kondisi zaman kiwari anu nyalindung di tukangeun seni jeung hak azasi sanajan ngalanggar aturan agama jeung moral misal muka jeung nyingkab aurat

7.      “Munding téh geus dicangcang dina tangkal.”
Kecap dicangcang ngandung harti denotatif anu sarua hartina jeung….
A.    diduitan
B.     diparaban
C.     ditalian
D.    ditawarkeun
E.     diantepkeun

8.      Baca sempalan ieu sajak!
merah putih nu kiwari mumbul
dirangkul ku langit paul
baheula kungsi ngélébét
dina tungtung bayonet
katut peujit murilit

Dina sempalan sajak di luhur, kecap nu ngandung harti konotatif nyaéta….
A.    mumbul
B.     ngélébét
C.     murilit
D.    dirangkul
E.     kiwari

9.      Sajak téh mibanda unsur-unsur pangwangun anu ngadeudeul kana jengléngan rumpakana téa. Ieu di handap anu teu kaasup  kana adegan batin sajak nyaéta….
A.    Téma (sense)
B.     Rasa (feeling)
C.     Wangun (tofografi)
D.    wirahma (tone)
E.     amanat (intention)

  
10.  Téks:
Tanah Sunda
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring

Dumasar sajak di luhur, anu kelir (warna)na héjo téh nyaéta….
A.    pagunungan
B.     lautan
C.     pakebonan
D.    walungan
E.     padataran

11.  Citraan atawa imaji téh nyaéta pangaruh kecap ka nu maca sajak. Biasana mah aya patalina jeung naon nu karasa, katempo, jeung kadéngé ku maca tina kecap-kecap anu aya dina sajak. Ti sajak “Tanah Sunda” di luhur, kecap “Héjo pagunungan” kaasup citraan….
A.    auditif
B.     visual
C.     taktil
D.    motorik
E.     imajinatif

12.  Tétéh Alvia Zaharani kelas XII IPA 1 jadi béntang di acara wisuda angkatan XXII kamari.
Kecap béntang di luhur harti sabenerna nyaéta….
A.    pangsohorna
B.     pangkedulna
C.     panggeulisna
D.    pangresepna kana benda langit
E.     pangpunjulna

13.  Kalimah di handap anu ngandung harti konotatif nyaéta….
A.    Adang sok maju ka harep!
B.     Sok geura maju, ulah cicing waé di tukang!
C.     Mobil anyar téh maju mani gancang.
D.    Wa Haji téh ayeuna mah tos maju usahana.
E.     Waktuna motor kuring maju ka hareup pikeun ngeusi bengsin.

14.  Munding téh geus dicangcang dina tangkal.
 Kecap dicangcang ngandung harti dénotatif anu sarua hartina jeung….
A.    diduitan
B.     ditalian
C.     diparaban
D.    ditawarkeun
E.     dianteupkeun

15.  Di handap ieu anu  kaasup kalimah nu ngandung makna denotatif nyaéta….
A.    Pulisi keur mancing bangsat sangkan kaluar ti panyumputanana.
B.     Baheula mah keur miskin ngajénan, ari geus beunghar kalah nincak.
C.     Mun dagang hayang maju kudu bisa ngala leuwihna.
D.    Kudu diasah atuh ari hayang seukeut mah peso téh.
E.     Haténa leuwih lega ti batan samudera.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar