|
1.
Istilah “babad” asalna tina basa Jawa nu hartina
‘muka lahan anyar’ atawa ‘nuar tangkal’. Dipatalikeun kana sajarah lantaran
unggal sajarah hiji daérah salawasna dimimitian ku muka wilayah anyar.
Satuluyna, babad dihartikeun carita nu aya patalina jeung sajarah.
Sempalan di luhur medarkeun….
A.
harti carita babad
B.
sajarah hiji daérah
C.
babad dina basa Jawa
D.
unggal daérah boga sajarah
E.
carita wilayah anyar
2.
Téks:
Kacaturkeun
Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon. Ari sababna,
Pangéran Geusan Ulun (Raja Sumedang), ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangéran
Girilaya (Raja Cirebon). Memeh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon téh
ngaraso heula, ngarumpul di hiji tempat nu tiiseun. Maksudna mah rék bari
ngatur siasat.
Sempalan carita babad di
luhur nétélakeun….
A.
sabab musabab Karajaan Sumedang ngarurug Karajaan
Cirebon
B.
sabab musabab Karajaan Sumedang éléh dina peperangan
jeung Karajaan Cirebon
C.
sabab musabab Karajaan Cirebon kaéléhkeun ku Karajaan
Sumedang
D.
sabab musabab Karajaan Sumedang dirurug ku Pasukan
Karajaan Cirebon.
E.
Karajaan Sumedang jeung Karajaan Cirebon téh masih
kénéh aya patalian kaluwarga
3.
Sadatangna pok Ki Sayang Hawu unjukan, “Kanjeng
Prabu, di leuweung aya pasukan Cirebon
rék ngarurug. Tapi teu kudu salempang, kuring siap jadi taméng. Jurungkeun wé
pasti kuring bakal bisa ngéléhkeun pasukan Cirebon.”
Watek
tokoh Ki Sayang Hawu dina sempalan carita babad di luhur digambarkeun tina….
A.
penampilan jeung réngkak polahna
B.
dedeg pangadeg jeung kahayangna
C.
kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana
D.
caritaan tokoh séjén
E.
tatabasa jeung talajakna (omongana)
4.
Tapi teu kudu salempang,
kuring siap jadi taméng.
Kecap salempang bisa diganti ku kecap
séjénna, nyaéta….
A.
khawatir
B.
sedih
C.
sieun
D.
ragu
E.
ceurik
5.
Waktu Prabu Geusan Ulun nanyakeun ngeunaan Ki Sayang
Hawu, Ki Nangganan teu ngajawab. Da mémang teu apaleun téa. Nya dicaritakeun
wé kajadian nu sabenerna.
“Boa-boa
perlaya,” ceuk Prabu Geusan Ulun
“Duka atuh, kirang terang
lebah dinyana mah,” témbal Ki Nangganan.
Ngadéngé
jawaban ti Ki Nangganan kitu, haté Prabu Geusan Ulun mimiti dilimpudan kasieun.
Sieun pasukan Cirebon ngarebut karaton tur maéhan dirina. Teu lila terus wé
ngajak pindah ka sakumna eusi nagara. Ngajugjug ka suku gunung Rengganis, di
daérah Dayeuhluhur.
Nurutkeun sempalan carita
di luhur, watek Prabu Geusan Ulun nyaéta….
A.
sakti
B.
gagah perkasa
C.
wijaksana
D.
teu boga pamadegan
E.
loba kasieun
6.
Waktu Prabu Geusan Ulun nanyakeun ngeunaan Ki Sayang
Hawu, Ki Nangganan teu ngajawab. Da mémang teu apaleun téa. Nya dicaritakeun
wé kajadian nu sabenerna.
“Boa-boa
perlaya,” ceuk Prabu Geusan Ulun
“Duka atuh, kirang terang
lebah dinyana mah,” témbal Ki Nangganan.
Ngadéngé
jawaban ti Ki Nangganan kitu, haté Prabu Geusan Ulun mimiti dilimpudan
kasieun. Sieun pasukan Cirebon ngarebut karaton tur maéhan dirina. Teu lila
terus wé ngajak pindah ka sakumna eusi nagara. Ngajugjug ka suku gunung
Rengganis, di daérah Dayeuhluhur.
Numutkeun wacana di luhur,
puseur dayeuh Sumedanglarang dipindahkeun ti Kutamaya ka Dayeuh Luhur
lantaran….
A.
puseur dayeuh Kutamaya geus kurang stratégis
B.
ngalegaan wilayah karajaan
C.
nyingkahan pangrurug ti Karajaan Cirebon
D.
aya pituduh karuhun
E.
kaayaan taneuh Dayah Luhur leuwih alus
7.
“Demi nyalametkeun diri, euweuh deui cara kudu pindah
nagara. Alesanana mah kuring meunang béja yén Aki téh perlaya di peperangan,” ceuk Prabu Geusan Ulun.
Kecap perlaya bisa diganti ku kecap
séjénna, nyaéta….
A.
hirup
B.
maot
C.
sangsara
D.
sedih
E.
nalangsa
8.
Kacaturkeun Ki Sayang hawu nu disangka geus perlaya.
Sabenerna mah waktu harita pahibut ngudag musuh, Ki Sayang Hawu henteu ngabeberik
musuhna. Antukna Ki Sayang Hawu téh balik deui ka tempat perang mimiti, bari
néangan baturna nu tiluan téa. Digeroan euweuh waé panyangkana nu tiluan téh
geus perlaya. Padahal Ki Nangganan sabatur-batur mah baralik tiheula. Haténa
sedih kacida. Geus puguh kitu mah tuluy wé balik ka Sumedang. Ngan barang
nepi ka Sumedang, kasampak di karaton euweuh sasaha.
Numutkeun runtuyan
kajadianna, galur carita di luhur nyaéta….
A.
mérélé/maju
B.
mundur
C.
bobok tengah
D.
campuran
E.
pandeuri
9.
Mun hidep maca carita babad, bakal kapanggih aya
sawatara palaku atawa tokoh carita. Upamana saurang raja boga praméswari
(permaisuri), tuluy boga putri. Putrina dikawinkeun ka salasaurang sinatria
ti karajaan séjén. Ti dinya tuluy ngarundaykeun turunan. Tah, perenahna hubungan
jelema ka jelema liana, anu sakulawarga, dulur, atawa baraya anu masih
dulurna disebutna….
A.
pancasakti
B.
pancakaki
C.
pancasuku
D.
pancabaraya
E.
pancadulur
Pék hidep titénan sarsilah Karajaan Sumedanglarang ieu di handap pikeun ngajawab soal no 10, 11, jeung 12!
10. Geusan
Ulun ka Tirtakusuma téh pernahna….
A.
nini
B.
buyut
C.
bao
D.
janggawaréng
E.
udeg-udeg
11. Anu
jadi udeg-udegna Geusan Ulun nyaéta….
A.
Ragamulya
B.
Atmabrata
C.
Mentalaya
D.
Wirajaya
E.
Linggabuana
12. Ngaran
indung Geusan Ulun nyaéta….
A.
Wulansari
B.
Sintawati
C.
Mayangsari
D.
Ratu ratnasih
E.
Setyasih
13. Dina
urutan pancakaki, kolotna aki atawa nini urang disebutna…..
A.
bao
B.
buyut
C.
janggawaréng
D.
udeg-udeg
E.
gantung siwur
14. Dina
sajarah Jawa Barat, karajaan anu munggaran di Jawa Barat nyaéta karajaan….
A.
Salakanagara
B.
Tarumanagara
C.
Galuh
D.
Pajajaran
E.
Sumedanglarang
15. Tokoh Siliwangi
dina sajarah Sunda kaasup tokoh anu ngadegkeun Karajaan
A. Sunda
B. Galuh
C. Pajajaran
D. Kawali
E. Salakanagara
|
Jumat, 08 Mei 2020
LATIHAN SOAL CARITA BABAD (KELS X SEM 2)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar