Senin, 27 Juli 2020

SISINDIRAN (KELAS XI SEM 1)

SISINDIRAN




Sisindiran nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti téh maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu ditéangan maksudna téa.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN
Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit.

Contona:

Mun urang ngéndong di Bandung,
Geus tangtu kana mahalna.

Mun urang doraka ka indung,
Geus tangtu dorakana.


Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung sesebréd (lulucon).

-          Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna ogé hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina ogé hadé.


-          Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam katé.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun haté.

-          Rarakitan sesebréd nyaéta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti éta.
Contona:
Majar manéh cengkeh konéng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar manéh lengkeh konng,
kulit beuteung mani nambru.


PAPARIKAN
Paparikan téh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Katumbiri di Cigeulis,
Ti Citeureup ka Ciamis.
Kaciri seuri nu geulis,
Mun diteuteup beuki manis.

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap Cigeulis padeukeut sorana jeung kecap nu geulis, kecap Ciamis padeukeut sorana jeung kecap manis.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.

-       Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Nu hideung matak teunangan,
sing emut ka diri abdi.

-          Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Meuli kurupuk sadacin
diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh

-          Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini

WAWANGSALAN
Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal téh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi éta.
Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,      
teu beunang dipikameumeut.                  

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
(oray)


Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya béla.
(kapal)

Manuk tukung saba reuma,
uyuhan daék ka abdi.
(puyuh)

Binaragawan kasohor,
Horéam badé paturay.
(Adé Ray)


Minggu, 26 Juli 2020

KECAP RAJEKAN


KECAP RAJEKAN



Titènan kecap nu dicondongkeun dina kalimah di handap!
1.          Bobotoh ti mana-mana lolobana marilih sarè di fan cam.
2.          Kira-kira sarua jeung Stadion  Jalak Harupat.
3.          Bulak-balik kuring nèangan hotel murah.
4.          Nu keur masak mani pak-pik pek

Kecap nu mana-mana, lolobana, kira-kira, jeung pak-pik-pek disebutna kecap rajèkan. Lantaran kecapna diulang/dibalikan deui  (dua kali atawa 3 kali) boh sabagèan  kecapna, boh  salengkepna.
Wanda/Jenis Kecap Rajékan
Harti

Conto
Dwimurni
dirajèk/disebut kecapna/diulang dua kali salengkepna

mana-mana
kira-kira

Dwipurwa
dirajèk ukur sabagèan engang mimitina

lolobana
sésépak
Dwirèka
dirajèk/disebut dua kali salengkepna, tapi robah sora

bulak-balik
gual-géol
Trilingga
dirajèk/disebutna 3 kali, robah sora, sarta asal kecapna diwangun ku saengang

pak-pik-pek
dag-dig-dug

  
                       

        





MACA LAPORAN KAGIATAN

Laporan Kagiatan
Kémah Pramuka SMA Karya Guna
Tahun Pangajaran 2017/2018

1.         Kasang Tukang
              Kiwari remen kabéjakeun dina TV atawa koran, aya barudak sakola anu tawuran atawa garelut. Kitu deui, réa kabéjakeun siswa anu maké internet teu luyu jeung étika. Kitu deui, perlu ayana atikan karakter ka siswa. Salasahiji kagiatan anu bisa ngamalirkeun bakat, minat, jeung kamampuh siswa bari jeung ngalatih karakterna téh ngaliwatan atikan kapramukaan atawa gerakan pramuka di sakola.
                    Ngaliwatan kagiatan pramuka, dipiharep siswa bisa némbongkeun  manusa nu mibanda kapribadian jeung kalemesan budi, seukeut mikir (pinter) jeung tohaga fisikna. Lian ti éta  dipiharep bisa ngajénggélék jadi tungtungan manusa Indonésia anu mibanda jiwa Pancasila jeung nasionalismeu anu pageuh. Pikeun nedunan harepan-harepan kitu, perlu diayakeun kagiatan diajar di lapangan ngaliwat Kémah Pramuka.

2.         Tujuan Kagiatan
Ieu kagiatan mibanda tilu tujuan, nyaéta:
a.     Aktualisasi atikan kapramukaan di sakola pikeun ngawadahan bakat, karesep, jeung kamampuh siswa;
b.    Ngaronjatkeun pangaweruh, sikep, jeung kaparigelan siswa salaku anggota Pramuka Penegak;
c.     Ngarojong program atikan kapramukaan jeung atikan karakter di sakola.

3.         Tempat jeung Waktu Kagiatan

Tempat Kagiatan:
Bumi Perkemahan Létjén (Purn) Dr. (HC) Mashudi Kwarda Jawa Barat (Buper Kiarapayung) Kabupatén Sumedang Jawa Barat.

Waktu Kagiatan
Saptu – Ahad, 15-16 Juli 2017

4.         Pamilon jeung Calagara
Pamilon:
Jumlah pamilon aya 150 urag.

Calagara:
Jumlah calagara aya 20 urang, anu ngawengku: Pupuhu, Girangserat, Panataharta, jeung Anggota anu dibagi jadi sababaraha séksi/bagian.

5.         Pedaran Kagiatan
            Kagiatan kémah dimimitian ti poé Saptu, jam 07.00 WIB. Dimimitian ku upacara tanda kagiatan dibuka. Geus kitu diayakeun rupa-rupa kagiatan atikan kapramukaan. Diayakeun ogé pasanggiri antarregu ténda dina widang basa jeung seni Sunda, kayaning pasanggiri biantara jeung kawih. Lian ti éta diajarkeun ogé kagiatan baris-berbaris, kadisiplinan waktu, jeung P3K. Diajarkeun ogé maca semaphore, sandi kotak jeung sandi rumput.
                 Kagiatan kémah pramuka ditutup dina poé Ahad, jam 08.00 WIB, ku upacara panutupan jeung béwara pinunjul pasanggiri.

6.         Penutup
       Kagiatan kémah pramuka kacida pentingna dilaksanakeun unggal taun, pangpangna keur siswa kelas X SMA, keur nuwuhkeun sikep nasionalismeu katut ngaronjatkeun gerakan pramuka di sakola minangka organisasi kapanduan jeung kapamudaan anu resmi di Indonésia.

MACA LAPORAN JURNALISTIK


DISANGKA URANG JEPANG 

            Aya dua welas kota nu jadi pribumi Piala Dunya 2006 di Jèrman téh. Hiji-hijina nya éta Hamburg, Hannover, Gélsénkirchen, Dortmund, Bérlin, Léipzig, Koeln, Frankfurt, Kaiserlautern, Stuttgart, Nuernbérg, jeung Munchen. Ari Munchén téh puseur nagara Jérman.
            Sajero sabulan leuwih, kudu siap pipindahan, ti hiji kota ka kota séjénna. Ti hiji stadion ka stadion séjénna. Untung saméméh jung loba tatanya ka ditu-ka dieu. Pangpangna ka nu kungsi lila di Jérman. Lian ti éta rajin macaan brosur nu dikaluarkeun ku panitia.
            Puguh deui ari mukaan internét mah. Sirikna teu unggal usik, saban aya waktu kosong tina pagawéan. Ku sabab tacan pati lila jadi wartawan, can pati réa nagara nu kaanjangan. Ka Eropa téh kakara ka Inggris, Spanyol, jeung Itali. Kabéh dina raraga ngaliput maénbal.
            Pitilupoéeun deui kana derna kajuaraan, kuring geus aya di Jèrman. Ti Jakarta tumpak Garuda. Henteu bisa langsung ka Jérman. Tapi nyimpang heula ka Walanda. Ti dinya ganti kapal. cunduk ka kota Munchen, gabung jeung wartawan Indonésia séjénna.
            Nungguan prungna kajuaraan, henteu bisa ulin sangeunahna. Puguh waé upama ngagugu haté mah, hayang ka ditu, hayang ka dieu. Tapi, rék ninggalkeun fan camp téh, komo lila-lila teu weléh melang. Sabab loba mawa alat-alat gawé. Diantarana laptop, kaméra, jeung rupa-rupa lénsa. Sieun sabot kuring indit-inditan, aya jelema jahat asup ka jero fan camp. Ari kudu dibabawa jaba rébo téh, beurat deuih.
            Fan camp téh sarua jeung kémah. Ngan eusina leuwih lengkep. aya dapur, kamar mandi, lian ti tempat saré téh. Di unggal kota tempat kajuaraan lumangsung, sok aya fan camp. Saré di fan camp jauh leuwih murah batan di hotél. Upama séwa pangmurahna antara sajuta nepi ka dua juta satengah poé, di fan camp mah cukup saparapatna. Matak kacida larisna.
            Bobotoh ti mana-mana, lolobana marilih saré di fan camp. Sabab kajeun daratang ti nagara-nagara maju, henteu kabéh jelema baleunghar. Sabalikna urang Indonésia, kajeun nagarana miskin, loba nu ‘ngontrak’ hotél béntang lima. Mangkaning taripna téh aya nu lima juta sapeuting.
            Sakali mangsa kuring kudu ngaliput pertandingan Inggris jeung Swédia. Tempatna di FIFA World Cup Stadium Colegne, Kota Koeln. Urang Jerman mah nyarebutna: Stadion Mungersdorfer atawa Rhéin Enérgi Stadion. Gedéna cukup keur 46.120 urang nu lalajo. Kira-kira sarua jeung Stadion Jalak Harupat Bandung.
            Siga kumaha alusna éta stadion, hésé dicaritakeunana. Jukutna bangun empuk, héjo rata kawas buludru. Luhurna bisa ditutup jeung dibuka. Keur ngalusan éta stadion, pamaréntah satempat méakeun waragad Rp 165 milyar leuwih. Ngalusan wungkul èta téh, lain nyieun.
            Saperti biasa sadatangna ka Kota Koeln, nu pangheulana ditéangan téh tempat pamondokan murah. Cilakana, sakali ieu mah, geus teu bisa ngamangpaatkeun fan camp. Sabab geus béak ku para bobotoh Inggris jeung Swédia.
            Iwal bobotoh pribumi, bobotoh Inggris téh jumlahna pangréana. Persis kawas bobotoh Persib lamun kasawelasan kadeudeuhna maén di Senayan. Keur ngabédakeun gampang pisan. Lian ti kaos nu dipakéna, kalakuanana ogé béda.
            Biasana téh ngarombongan jeung salangar. Di urang mah, kira-kira sarua jeung Bonék, bobotoh Persébaya. Bonék téh “bondo nékat” indit ti imahna, ukur modal nékad. Tangtu baé bobotoh Inggris mah marekel duit cukup.
            “Haben Sie éin Zimmer fréi?” cék kuring mah méh-méhan putus asa, ka patugas hostél (losmén). Aya kénéh kamar kosong?
            Naha atuh lain buru-buru ngajawab, kalah malik nanya, “Anjeun urang Jepang? Kuring milu sedih, waktu tim anjeun éléh ku Ustrali,”cenah.
            “Kuring mah lain urang Jepang. Kuring urang Indonésia”
            “Urang Indonésia? Rék naon jauh-jauh ka dieu? Apan tim anjeun mah teu milu kajuaraan?”
            “Kuring wartawan. Naha teu meunang wartawan Indonésia ngaliput Piala Dunya?” témbal kuring keuheul.
            Duka lantaran nénjo beungeut kuring siga nu nyaan ngambek, manéhna buru-buru ménta dihampura. Teu poho ngabéjaan, teu jauh ti losménna, aya apartemen nu rék diséwakeun. Pernahna di Hélénenwall Strasse.
            Nu bogana hiji pangsiunan, ngaranna Guénther Poeperl. Umurna ampir 70 taun. Taripna 39 Euro sapeuting. Kira-kira Rp 500 Rébo. Keur ukuran Jérman mah, katitih murah pisan. Kabeneranana téh deuih, Si Opa Poeperl téh kacida bageurna. Atuh urut capé kukurilingan néangan pamondokan téh, ahirna asa kaubaran.