Minggu, 26 Juli 2020

MACA LAPORAN JURNALISTIK


DISANGKA URANG JEPANG 

            Aya dua welas kota nu jadi pribumi Piala Dunya 2006 di Jèrman téh. Hiji-hijina nya éta Hamburg, Hannover, Gélsénkirchen, Dortmund, Bérlin, Léipzig, Koeln, Frankfurt, Kaiserlautern, Stuttgart, Nuernbérg, jeung Munchen. Ari Munchén téh puseur nagara Jérman.
            Sajero sabulan leuwih, kudu siap pipindahan, ti hiji kota ka kota séjénna. Ti hiji stadion ka stadion séjénna. Untung saméméh jung loba tatanya ka ditu-ka dieu. Pangpangna ka nu kungsi lila di Jérman. Lian ti éta rajin macaan brosur nu dikaluarkeun ku panitia.
            Puguh deui ari mukaan internét mah. Sirikna teu unggal usik, saban aya waktu kosong tina pagawéan. Ku sabab tacan pati lila jadi wartawan, can pati réa nagara nu kaanjangan. Ka Eropa téh kakara ka Inggris, Spanyol, jeung Itali. Kabéh dina raraga ngaliput maénbal.
            Pitilupoéeun deui kana derna kajuaraan, kuring geus aya di Jèrman. Ti Jakarta tumpak Garuda. Henteu bisa langsung ka Jérman. Tapi nyimpang heula ka Walanda. Ti dinya ganti kapal. cunduk ka kota Munchen, gabung jeung wartawan Indonésia séjénna.
            Nungguan prungna kajuaraan, henteu bisa ulin sangeunahna. Puguh waé upama ngagugu haté mah, hayang ka ditu, hayang ka dieu. Tapi, rék ninggalkeun fan camp téh, komo lila-lila teu weléh melang. Sabab loba mawa alat-alat gawé. Diantarana laptop, kaméra, jeung rupa-rupa lénsa. Sieun sabot kuring indit-inditan, aya jelema jahat asup ka jero fan camp. Ari kudu dibabawa jaba rébo téh, beurat deuih.
            Fan camp téh sarua jeung kémah. Ngan eusina leuwih lengkep. aya dapur, kamar mandi, lian ti tempat saré téh. Di unggal kota tempat kajuaraan lumangsung, sok aya fan camp. Saré di fan camp jauh leuwih murah batan di hotél. Upama séwa pangmurahna antara sajuta nepi ka dua juta satengah poé, di fan camp mah cukup saparapatna. Matak kacida larisna.
            Bobotoh ti mana-mana, lolobana marilih saré di fan camp. Sabab kajeun daratang ti nagara-nagara maju, henteu kabéh jelema baleunghar. Sabalikna urang Indonésia, kajeun nagarana miskin, loba nu ‘ngontrak’ hotél béntang lima. Mangkaning taripna téh aya nu lima juta sapeuting.
            Sakali mangsa kuring kudu ngaliput pertandingan Inggris jeung Swédia. Tempatna di FIFA World Cup Stadium Colegne, Kota Koeln. Urang Jerman mah nyarebutna: Stadion Mungersdorfer atawa Rhéin Enérgi Stadion. Gedéna cukup keur 46.120 urang nu lalajo. Kira-kira sarua jeung Stadion Jalak Harupat Bandung.
            Siga kumaha alusna éta stadion, hésé dicaritakeunana. Jukutna bangun empuk, héjo rata kawas buludru. Luhurna bisa ditutup jeung dibuka. Keur ngalusan éta stadion, pamaréntah satempat méakeun waragad Rp 165 milyar leuwih. Ngalusan wungkul èta téh, lain nyieun.
            Saperti biasa sadatangna ka Kota Koeln, nu pangheulana ditéangan téh tempat pamondokan murah. Cilakana, sakali ieu mah, geus teu bisa ngamangpaatkeun fan camp. Sabab geus béak ku para bobotoh Inggris jeung Swédia.
            Iwal bobotoh pribumi, bobotoh Inggris téh jumlahna pangréana. Persis kawas bobotoh Persib lamun kasawelasan kadeudeuhna maén di Senayan. Keur ngabédakeun gampang pisan. Lian ti kaos nu dipakéna, kalakuanana ogé béda.
            Biasana téh ngarombongan jeung salangar. Di urang mah, kira-kira sarua jeung Bonék, bobotoh Persébaya. Bonék téh “bondo nékat” indit ti imahna, ukur modal nékad. Tangtu baé bobotoh Inggris mah marekel duit cukup.
            “Haben Sie éin Zimmer fréi?” cék kuring mah méh-méhan putus asa, ka patugas hostél (losmén). Aya kénéh kamar kosong?
            Naha atuh lain buru-buru ngajawab, kalah malik nanya, “Anjeun urang Jepang? Kuring milu sedih, waktu tim anjeun éléh ku Ustrali,”cenah.
            “Kuring mah lain urang Jepang. Kuring urang Indonésia”
            “Urang Indonésia? Rék naon jauh-jauh ka dieu? Apan tim anjeun mah teu milu kajuaraan?”
            “Kuring wartawan. Naha teu meunang wartawan Indonésia ngaliput Piala Dunya?” témbal kuring keuheul.
            Duka lantaran nénjo beungeut kuring siga nu nyaan ngambek, manéhna buru-buru ménta dihampura. Teu poho ngabéjaan, teu jauh ti losménna, aya apartemen nu rék diséwakeun. Pernahna di Hélénenwall Strasse.
            Nu bogana hiji pangsiunan, ngaranna Guénther Poeperl. Umurna ampir 70 taun. Taripna 39 Euro sapeuting. Kira-kira Rp 500 Rébo. Keur ukuran Jérman mah, katitih murah pisan. Kabeneranana téh deuih, Si Opa Poeperl téh kacida bageurna. Atuh urut capé kukurilingan néangan pamondokan téh, ahirna asa kaubaran.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar