Sabtu, 25 Juli 2020

SEMPALAN NOVEL: BARUANG KA NU NGARORA

Sempalan Novel:
BARUANG KA NU NGARORA

Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong, bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Cék Nyi Rapiah, “Calik Embi! Nyandak naon éta téh?”

Walon Nyi Dampi, “Rupi-rupi baé, Lis, aya sinjang, aya kekemben.”

 “Cing ninggalan. Ieu bogoh samping kebat. Sabaraha pangaosna?”

 “Eta mah teu kirang deui Rp.25, mésérna ogé Rp.22,5.”

 “Beu naha mahal-mahal teuing? Teu kenging Rp.15.?

 “Teu kenging, Lis, mésérna ogé tebih kénéh. Sareng ieu Embi ngabantun lélépan lucu pisan pantes dianggo ku Elis. Geura anggo dina jariji.”

 “Tuluy, ninggang kana réma anu sakitu manisna. Geura tingali éta berlianna mani enyut, cahayana kuwung-kuwungan. Mirah delima anu di tengah sakitu lucuna, manis siga amis, kulit konéng kasipuh ku watang emas, mani ngagempur.”

Cék Nyi Rapiah, “Edas, Embi mah ku tiasa mapantes téh. Sabaraha ieu téh pangaosna?”
“Ari pangaosna mah Rp.25, dan berlianna enya ogé lalembut, tapi aralus, teu aya nu paut; mirah delimana oge bangsana saé.”

 “Ah mahal teuing, Embi, teu gaduh artosna; ongkoh ari ali mah goréng-goréng ogé, geus gaduh. Ngan éta baé samping, kuring meuli hiji, lamun dipaparinkeun Rp.20.”

Mangga baé Lis dimurahkeun, étang-étang ngahaturkeun sawaréh; ka nu sanés mah moal dihaturkeun.  Ari éta lélépan, upami palay mah mangga baé montong digaleuh.”

 “Montong digaleuh kumaha? Méré?”

 “Enya ngahaturanan.”

 “Ah, Embi mah sok ngabobodo, kawas ka budak.”

 “Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba rék dagang bari ngemban dawuhan Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna, mangga éta lélépén ngahaturanan. Da saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan.”

Nyi Rapiah sajongjonan mah ngahuleng baé, teu ngajawab. Geus kitu pok ngomong, “Saha Embi ari Aom Usman téh?”.

 “Ah Nyai mah mamamdaluan, piraku teu uninga, kapan putrana Juragan Demang.”
“His, Kuring mah daék lolong teu acan tepang. Ari jenenganana mah nya sok nguping baé.”
“Naha da itu mah uningaeun ka Nyai.”

 “Pantes baé, da pameget mah sok anclongan.”
Ti dinya kusiwel Nyi Dampi nyokot potret Aom Usman tina pésak baju kutang; sor disodorkeun ka Nyi Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi rapiah ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina “Emh, sok komo teuing buktina, potretna sakieu kasepna, surup jadi putra menak. Nya ieu lalaki nu matak ngagegelokeun awewe teh.”
Pikir Nyi Rapiah mimiti gedag rek kabengbat ku nu kasep.

Ceuk Nyi Dampi, “Kumaha, Lis, cocog?”
Nyi Rapiah seuri bari nyodorkeun deui potret ka Nyi Dampi.
“Kumaha, Lis kinten-kintenna?”
 “Emh, Embi lain bangbang lain pacing, lain campaka kuduna.”
Nyi Dampi seuri bari nungkupan sungut, sarta tuluy ngomong, “Wah, Elis, na kudu kumaha? Rasa Embi mah geus aduna pisan, nu geulis ka nu kasep.”
 “Ih lain ki kituna Embi, ngan kitu wae, Embi langkung uninga, kapan kuring rek lakian. Pisakumahaeun temen sepuh-sepuh, lamun kuring aya lampah nu teu pantes. Bongan teu tibareto, da ku abah oge moal burung dihaturkeun, lamun enyaan mah. Ngan eta ari menak ka somah teh sok nyecepo, ngarurujit. Ayeuna mah  lajeungkeun bae, sugan jaga di aherat tepang sukma padasukma. Ari ieu lelepan lain teu nuhun, ngan kuring risi bisi kauninga ku sepuh sae haturkeun deui baé.
Sabot keur kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji. Cek Nyi Haji, “Naon nu rek dibeuli teh, Nyai?”
“Omong Nyi  Dampi, “Ieu putra teh palay sinjang,pangaosna Rp.20.”

 “Pek bae deui.”
Samping dicikot ku Nyi Rapiah, tuluy dibayar ku Nyi Haji, ingdungna Nyi Rapiah. Kontan.
Nyi Dampi amit, tuluy balik gura-giru, lantaran atoh dumeh nampa ladang samping, batina gede.

Sumber: 
http://egiferdiwan.blogspot.co.id/2011/11/novel-sunda-baruang-kanu-ngarora.html


Tidak ada komentar:

Posting Komentar