Minggu, 29 Maret 2020

Sajak Karya Siswa (Cahaya Mata Maulida Pruistien - X IPA 3)



KENANGAN


Karya: Cahaya Mata (X IPA 3)

Bahasa Indonesia
Bahasa Sunda
Berawal dari sapaan
yang dibalas lengkungan garis dibibirnya.
Dilanjut dengan candaan
yang mengisi cerita warna disetiap sudut hidupnya.
Tak lupa sebuah langkahan
yang sesekali membawa keluar dari rumahnya.

Pagi begitu indah
seperti melihat potret dirinya.
Siang begitu nikmat
seperti menyantap sajian darinya.
Malam begitu sunyi
sebelum telingaku mendengar suaranya.

Mungkin klasik kedengarnya,
Bila kau merindukannya
Merindukan semua tentangnya
Merindukan hal hal bersamanya
Namun harusnya kau tersadar dan menerima
bahwa semua itu tinggalah sebuah kenangan darinya.
Dimimitian ku sapaan
nu diwaler ku gumujeng anjeun
Dituluykeun ku silih heureyan
nu ngisi carita warna di sisi hirupna
Teu hilap hiji tapakan
anu sasakali mawa kaluar ti imahna

Enjing kacida éndahna
lir ngaca ka dirina
Siang kacida nikmatna
lir ibarat nuang sasajén ti manehna
Peuting kacida réhéna
saacan ngadangu suara manehna

Mungkin klasik kadanguna
upami anjeun mikasono
Mikasono unggal hal tentang manehna
Mikasono hal-hal sareung manehna
Tapi, kuduna anjeun sadar jeung narima
yen sadayana ukur kenangan.


Makasih ya buat Cahaya yang sudah mengizinkan ibu share hasil sajak terbaiknya... :)

 Dari FB-nya Aya :)

Sajak "TANAH SUNDA" (Ajip Rosidi)-Arini Sukmawati

Minggu, 22 Maret 2020

KECAP KONOTATIF JEUNG DENOTATIF

NYUNGSI HARTI KONOTATIF JEUNG DENOTATIF

Titenan kecap nu didengdekeun dina kalimah ieu dihandap!
(1) Ulah diheureuyan Neng Asti mah, geus dicangcang ku Jang Dadi.
(2) Domba dicangcang kana tangkal nangka.
Dina sajak sok kapanggih aya kecap-kecap konotatif (kiasan). Ari harti konotatif teh nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen. Upamana wae kecap dicangcang dina kalimah (1) jeung (2), najan kecapna sarua tapi mibanda harti anu beda. Kecap dicangcang dina kalimah (1) , maksudna teh geus tunangan atawa geus aya nu nanyaan/neundeun omong. sabalikna, ari kecap dicangcang dina kalimah (2) mah mibanda harti sebenerna, nalian beuheung domba kana tangkal. Harti sabenerna atawa saujratna disebut harti denotatif (saujratna) atawa anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna.
Sangkan hidep leuwih  paham perkara harti konotatif jeung denotatif, titenan kalimah ieu dihandap!
1. (a)   Pulisi keur mancing bangsat sangkan kaluar ti panyumputanana. (KONOTATIF)
    (b)    Mang Usman keur mancing lauk di balong. (DENOTATIF)
2. (a) Baheula mah keur miskin ngajenan , ari geus beunghar kalah nincak. (KONOTATIF)
    (b)   Balik ti sakola, Neng Lia nincak tai kuda. (DENOTATIF)
3. (a) Mun dagang hayang maju, kudu bisa ngala leuwihna. (KONOTATIF)
    (b) Mang odang keur ngala jambu di buruan. (DENOTATIF)

REFERENSI:
Panggelar Basa Sunda  Kelas X kaca140-141, Penerbit Erlangga.

MACA WARTA


Padika Maca Warta



Hal-hal anu kudu diperhatikeun lamun urang maca warta boh dina radio atawa TV:
1.       Kudu bisa maca naskah warta, lantaran ditulisna rada béda jeung tulisan séjén terutama dina ngalarapkeun tanda baca. Mun dina warta surat kabar citak saperti koran atawa majalah, tanda koma (,) atawa titik (.) téh nya tanda koma jeung titik baé. Tapi béda pikeun tanda baca dina warta bacakeuneun penyiar atawa juru warta media éléktronik mah, koma téh dicicirian ku gurat condong hiji (/), titik ditandaan ku gurat condong dua (//)
2.       Kudu alus peta jeung dangdanan. Sora kudu halimpu, ngoncrang, jeung béntés.
3.       Kudu alus artikulasin lentong, jeung randegan kalawan sora ngoncrang.
4.    Hal-hal anu patalina jeung téhnis biasana ditangtukeun ku unggal stasiun TV atawa radio, saperti cara diuk, merenahkeun mik, jste.

TEKS WARTA (TĚKS PIKEUN PRAKTIK WARTA)

      Di handap ieu aya teks warta pikeun hidep praktik maca warta. Pikeun conto hidep bisa ngaregepkeun video maca warta nu dicontoan ku babaturan hidep dina link ieu:

VIDIO
AUDIO
Penyiar
**SAMPURASUN//PAMIARSA/LIMA WARTA NU PARANTOS DUGI KA MĚJA REDAKSI BANDUNG TV/SEJA KASANGGAKEUN DINA PIDANGAN WARTA KU BASA SUNDA/TANGGARA PASUNDAN//ĚDISI SENĚN/KAPING DALAPAN MARET 2020//SIMKURING PUN YENI HERLINA/NU BARIS NGADUGIKEUN WARTA SALENGKEPNA//
-----VOICE OVER-----
ĚTA NU DARĚMO TĚH/NGAGEGEKAN BURUAN POLDA JABAR/DINA ORASINA/ANU ARUNJUK RASA NGADONGSOK/SANGKAN POLDA BISA SAGANCANGNA NGARĚNGSĚKEUN KASUS KORUPSI BANTUAN SOSIAL ATAWA BANSOS KABUPATĚN BANDUNG/LANTARAN DINA ERONGANANA/DANA A-P-B-D KABUPATĚN BANDUNG TAUN 2019/2020 NU NITIH 3 MILIAR TĚH GEUS DIKORUPSI/ĚTA UNJUK RASA KUNGSI DIEUREUNKEUN KU PULISI LANTARAN ĚTA MAHASISWA TĚH ARASUP KA BURUAN GEDUNG POLDA JABAR .

------JEDA GAMBAR-------
BASA PARA MAHASISWA RĚK NULUYKEUN DEUI ORASINA/ PIHAK PULISI LANGSUNG NGEUREUNKEUN ĚTA UNJUK RASA// PULISI BOGA ANGKEUHAN/ YĚN ĚTA UNJUK RASA TĚH DILAKONAN DI LINGKUNGAN KERJA TUR NGAGANGGU KARYAWAN NU KEUR DIGARAWĚ// LAIN TI ĚTA/ APARAT GĚ MEREDIH SANGKAN MAHASISWA ASUP KA GEDUNG/ PIKEUN NEPIKEUN ORASINA LANGSUNG KA KAPOLDA// TAPI/ ĚTA NU ARUNJUK RASA TĚH KEUKEUH HAYANG NGALAKONAN ORASINA DI BURUAN// ANTUKNA MAH/ ĚTA PULISI TĚH JADI SILIHERENGAN// PULISI GĚ KUNGSI NGANCAM/ SAUPAMA NU ARUNJUK RASA TEU DAĚK ASUP NEPUNGAN KAPOLDA/ UNJUK RASA BARIS TEU DAĚK ASUP NEPUNGAN KAPOLDA/ UNJUK RASA BARIS DI BUBARKEUN// ANTUKNA MAH/ ĚTA NU ARUNJUK RASA TĚH DAĚK ASUP KA GEDUNG PIKEUN NEPIKEUN PANGDONGSOKNA

------JEDA GAMBAR------
PAMUNGKAS
**PAMIARSA/ TANGGARA PASUNDAN DINTEN IEU/ URANG CEKAPKEUN DUGI KA DIEU// AYA SAUR TI SEPUH URANG// “DI NU KIWARI NGANCIK NU BIHARI// SEJA AYEUNA SAMPEUREUN JAGA”// MUGIA JANTEN LENYEPANEUN KANGGO URANG SADAYA// NGAWAKILAN NU NGOKOLAKEUN TANGARA PASUNDAN/ SIM KURING PUN YENI HERLINA/ SEJA AMIT MUNGKUR AMIT MUNDUR//
**WASSALAMUALAIKUM WR. WB//HURIP SUNDA!


Senin, 16 Maret 2020

Kalimah Wawaran

KALIMAH WAWARAN



Definisi:
Kalimah nu eusina ngawawarkeun , méré  béja ka nu lian tur miharep responsi nu mangrupa paniten wungkul.

[kalimah wawaran adalah kalimat yang bukan merupakan kalimat perintah, kalimat larangan, maupun kalimat ajakan. kalimah wawaran juga adalah kalimat yang tidak memerlukan jawaban. Dalam bahasa Indonesia, kalimah wawaran adalah seperti kalimat berita]

Conto:
-Tanggal 1 Desember 1966 kalawan alpukah jeung usahana "Panitia Peringatan Pahlawab Raden  Dewi Sartika" di Jakarta anu diluluguan ku Gubernur Daerah Husus Ibukota Jakarta Raya, Ali Sadikin, Pamarentah Republik Indonesia netepkeun Raden Dewi Sartika jadi "Pahlawan Nasional" dumasar Surat Keputisan No. 252, tanggal 4 Desember nyaeta dinten dibabarkeunana Raden Dewi Sartika minangka "Hari Nasional".

- Neng Yaya keur geuring tipes.
- Pa Ukar teh gede pisan jasana keur urang Sunda.
- Karesep Andi teh maca novel.

Dumasar aksen waktu ngedalkeunana, kalimah wawaran mibanda 3 rupa:
1. Aksen dinamis: anu enggang panungtungna dikedalkeun leuwih tarik.
2. Aksen tonis: dikedalkeuna leuwih tarik tur panjang di panungtungan.
3. Aksen temporal: dikedalkeun luhur-handap tur panjang-pondok.



Minggu, 15 Maret 2020

BIOGRAFI





Biografi asalna ti bahasa Yunani nyaeta bios nu hartina hirup jeung grafhien hartina tulisan. Cindekna biografi teh RIWAYAT HIRUP nyaeta karangan anu eusina nyaritakun kajadian atawa peristiwa dina runtuyan waktu. 
Aya dua rupa riwayat hirup, nya éta autobiografi jeung biografi. Autobiografi nya éta riwayat hirup anu nepikeunana pribadi sorangan, biasana ngagunakeun sesebutan jalma ka hiji “kuring”. Ari biografi nya éta riwayat hirup anu nepikeunana jalma lian, biasana ngagunakeun jalma ka tilu “manéhna”. 
  • Manfaat biografi

-Piken ngalamar pagawean
-pikeun dokumen sajarah
-pikeun pangeling eling jasa hiji jalma
-urang bisa maca gagasan/pikiran hiji tokoh
-bisa jadi inpirasi atawa motipasi keur nu maca.

  • Hal-hal anu kudu aya dina riwayat hirup, di antarana:
  1. Ngaran lengkep;
  2. Tempat, tanggal, bulan, jeung taun dilahirkeun;
  3. Ngaran kolot (indung jeung bapa);
  4. Pangalaman atikan atawa sakola jeung taun lulusna;
  5. Pangalaman gawé, ti mimiti nepi ka disusuna riwayat hirup;
  6. Kagiatan nu diiluan dina organisasi, kagiatan kamasarakatan, jsb;
  7. Karya-karya anu kungsi dijieun;
  8. Pangajén (penghargaan) anu kungsi ditarima.
  • Struktur Teks Biografi  
  1. Bagian Bubuka
  2. bagian Eusi
  3. Bagian Panutup




SAJAK

SAJAK




HARTI SAJAK
Sajak nya eta salah sahiji karya sastra Sunda anu direka dina wangun basa ugeran (puisi). Sanajan ditulis dina wangun ugeran, tetela sajak mah teu pati kauger ku patokan-patokan jumlah engang (suku kata) saban padalisan (baris) jeung jumlah padalisan dina saban pada (bait)seperti  dina pupuh atawa sisindiran.

UNSUR-UNSUR SAJAK
Sajak teh mangrupa ungkara pikiran, rasa, eungj gagasan pangaran nu diteupikeun pikeun ngagambarkeun hiji pasualan. Eta pasualan teh asalna bisa tina kanyataan kahirupan sapopoe, bisa oge ukur rekacipta pangarang sabada ngaliwatan proses imajinasi jeung kontemplasi, anu satuluyna dijanggelekkeun dina wangun rakitan basa anu endah. Eta unsur-unsur diantarana:
a.       Adegan Lahir
 Adegan lahir nya eta unsur fisik sajak di sawang tina wangunna. Nu kaasup kana adegan lahir sajak, diantarana:
1.      Wangun Sajak (Tipografi): Sajak teh ditulisna beda-beda, upamana wae aya nu sapada, dua pada, 
                                                  jeung saterusna.
2.      Pilihan Kecap (Diksi): Sajak nu alus teh gumantung kana kecap-kecap anu dipake ku panyajakna.
3.      Citraan (Imaji): Citraan atawa imaji teh nya eta pangaruh kecap ka nu maca sajak.
4.     Gaya Basa (Figuratif): Gaya asa dina sajak teh bias ngabalukarkeun ayana harti konotatif.
5.   Purwakanti: Padekeutna sora kecap boh di awal, di tengah, atawa di tungtung ungkara kalimah.

b.      Adegan Batin
Adegan batin sajak mah teu katembong langsung, tapi kudu diteuleuman atawa dirasakeun. Carana bias dibaca sabaraha balikan atawa disungsi kumaha eusi atawa maksudna.
1.         Jejer (Sense)
        Jejer teh pokok pikiran anu aya dina sajak. Jejer atawa tema teh 
        gagasan poko anu rek diteupikeun ku panyajak ka nu maca. 
2.         Rasa (Feeling)
        Rasa teh ngajiwaan eusi sajak. Rasa dina sajak bisa kapanggih 
        sabada maca.
3.         Wirahma (Tone)
        Nada teh sikep panyajak ka nu maca. Tina sikep panyajak 
        ngabalukarkeun ayana suasana nu  karasa ku nu maca.
4.        Amanat (Intention)
       Amanat teh pesen panyajak anu karasa ku nu maca sajak. Hartina 
      urang dibere kabebasan pikeun nangtukeun amanat tina hiji sajak.
     WANDA SAJAK EPIK JEUNG LIRIK
      A. Sajak Epik
           Sajak epik teh sajak anu sifatna ngalalakonankeun,
n         ngadadarkeun atawa nyaritakeun. Ku lantaran kitu, sajak epik mah biasana panjang. Ku lantaran         sifatna ngalalakonan, dina sajak epik mah bakal kanyahoan saha tokohna, naon ketakna,jeung             kumaha pamustunganana.   
          
      B. Sajak Lirik
           Beda jeung sajak epik anu ngalalakonan, sajak lirik mah henteu ngalalakonan. 
       
       Pek hidep baca puisi di handap:
TANAH SUNDA
Karya : Ajip Rosidi
Héjo pagunungan
Paul lautan
Héjo
Paul
Langit na haté kuring
Masing dimana kuring nangtung
Masing kamana kuring leumpang
Tanah lémbok tempak bumetah
Angin nyeot nyiuman tarang
Masing dimana anjeun nunjuk
Masing iraha anjeun cumeluk
Kuring moal mumpang , kuring rék datang
Neueulkeun tarang , neueulkeun jantung
Kuring tungtung teteupan
Kuring tungtung
Teteupan
Tuntung bedil
Ngincer dada
Kuring geus nyaksian getih ngabayah
Getih maranehna nu mikacinta anjeun
Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah
Jasadnu ruksak ngalungsar na dada anjeun
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya kamarasan ngan katugenahan
Héjo pagunungan , paul lautan
Taya katengtreman , ngan ancaman !

Pek hidep regepkeun cara maca sajak dina https://niindri.blogspot.com/2020/03/sajak-tanah-sunda-ajip-rosidi-arini.html





     referensi:
     https://pjjsmkn1padaherang.blogspot.com/
      https://hafidlotulfa.wordpress.com/


h