Minggu, 22 Maret 2020

KECAP KONOTATIF JEUNG DENOTATIF

NYUNGSI HARTI KONOTATIF JEUNG DENOTATIF

Titenan kecap nu didengdekeun dina kalimah ieu dihandap!
(1) Ulah diheureuyan Neng Asti mah, geus dicangcang ku Jang Dadi.
(2) Domba dicangcang kana tangkal nangka.
Dina sajak sok kapanggih aya kecap-kecap konotatif (kiasan). Ari harti konotatif teh nyaeta harti anu teu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna, tapi ngandung rasa atawa tafsiran kana barang sejen. Upamana wae kecap dicangcang dina kalimah (1) jeung (2), najan kecapna sarua tapi mibanda harti anu beda. Kecap dicangcang dina kalimah (1) , maksudna teh geus tunangan atawa geus aya nu nanyaan/neundeun omong. sabalikna, ari kecap dicangcang dina kalimah (2) mah mibanda harti sebenerna, nalian beuheung domba kana tangkal. Harti sabenerna atawa saujratna disebut harti denotatif (saujratna) atawa anu langsung nuduhkeun barang anu dimaksudna.
Sangkan hidep leuwih  paham perkara harti konotatif jeung denotatif, titenan kalimah ieu dihandap!
1. (a)   Pulisi keur mancing bangsat sangkan kaluar ti panyumputanana. (KONOTATIF)
    (b)    Mang Usman keur mancing lauk di balong. (DENOTATIF)
2. (a) Baheula mah keur miskin ngajenan , ari geus beunghar kalah nincak. (KONOTATIF)
    (b)   Balik ti sakola, Neng Lia nincak tai kuda. (DENOTATIF)
3. (a) Mun dagang hayang maju, kudu bisa ngala leuwihna. (KONOTATIF)
    (b) Mang odang keur ngala jambu di buruan. (DENOTATIF)

REFERENSI:
Panggelar Basa Sunda  Kelas X kaca140-141, Penerbit Erlangga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar