Senin, 27 Juli 2020

SISINDIRAN (KELAS XI SEM 1)

SISINDIRAN




Sisindiran nyaéta karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.

Purwakanti nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng, ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy, pertikal (antar jajaran, antar padalisan).

Dina rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina. Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan anu murwakanti téh maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu ditéangan maksudna téa.

Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.

RARAKITAN
Rarakitan teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana. Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit.

Contona:

Mun urang ngéndong di Bandung,
Geus tangtu kana mahalna.

Mun urang doraka ka indung,
Geus tangtu dorakana.


Upama nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk jeung sesebréd (lulucon).

-          Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali jeung silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Mun teu tulus ka paseukna,
ka pancirna ogé hade.
Mun teu tulus ka lanceukna,
ka adina ogé hadé.


-          Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari ka Bandung,
ulah meuli hayam katé.
Peupeujeuh ari ka indung,
ulah nganyerikeun haté.

-          Rarakitan sesebréd nyaéta rarakitan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku, kritik social, pamitan jeung salian ti éta.
Contona:
Majar manéh cengkeh konéng,
kulit peuteuy dina nyiru.
Majar manéh lengkeh konng,
kulit beuteung mani nambru.


PAPARIKAN
Paparikan téh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Katumbiri di Cigeulis,
Ti Citeureup ka Ciamis.
Kaciri seuri nu geulis,
Mun diteuteup beuki manis.

Padalisan kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap Cigeulis padeukeut sorana jeung kecap nu geulis, kecap Ciamis padeukeut sorana jeung kecap manis.

Nilik kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.

-       Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Baju hideung kancing tangan,
dikaput ku merang awi.
Nu hideung matak teunangan,
sing emut ka diri abdi.

-          Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Meuli kurupuk sadacin
diwadahan kana kalo
Nu dipupuk ku prihatin
eta diasih ku Alloh

-          Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku, sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Piring katuruban sendok,
ngawadahan rujak huni.
Kuring ge baheula denok,
Ayeuna mah nini-nini

WAWANGSALAN
Wawangsalan teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal téh sok murwakanti jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi éta.
Tengetan geura contona dihandap ieu:

Teu beunang dihurang sawah,      
teu beunang dipikameumeut.                  

Titenan geura sawatara conto dihandap ieu:
Belut sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
(oray)


Imah ngambang di sagara,
ulah kapalang nya béla.
(kapal)

Manuk tukung saba reuma,
uyuhan daék ka abdi.
(puyuh)

Binaragawan kasohor,
Horéam badé paturay.
(Adé Ray)


Tidak ada komentar:

Posting Komentar