Sabtu, 09 Mei 2020

LATIHAN SOAL WARTA (KELAS XI SEM 2)


1.      Iber perkara hiji kajadian atawa hiji hal, boh sawangan boh pamadegan, dumasar kana kanyataan disebutna….
A.    béwara
B.     iklan
C.     medsos
D.    warta
E.     amanat

2.      Naskah siaran teu meunang ngahina soal SARA. Ieu di handap anu lain panjangna tina SARA, nyaéta….
A.    suku
B.     agama
C.     rasa
D.    ras
E.     antargolongan

3.      Gambaran  kajadian anu ditepikeun  dina waruga warta ilaharna bisa dipaké ngajawab pananya anu ngawengku 5W+1H nyaéta….
A.    saha, naon, iraha, di mana, kunaon, kumaha
B.     naon, ku naon, tina naon, ku saha, tis aha, ka saha
C.     iraha, ti iraha, nepi ka iraha, di mana, ka mana, ti mana
D.    naon, ku naon, saha, ku saha, mana, di mana
E.     mana, nu mana, di mana, ti mana, ka mana, belah mana

4.      Anu disebut lead dina warta téh nyaéta….
A.    judul warta
B.     bubuka warta
C.     waruga warta
D.    pamungkas warta
E.     nu nulis warta

5.       Waktu mangrupa ajén warta anu kawilang penting. Berita téh ayeuna, kajadian anu karék atawa keur lumangsung, tur mindeng mangrupa tuluyan tina poé ieu atawa poé saméméhna.
Unsur ajén warta anu dimaksud di luhur nyaéta….
A.    aya patalina jeung kahirupan balaréa (significance)
B.     anéh (the unusual)
C.     konflik (conflict)
D.    waktu (timeliness)
E.     pawarta

6.      Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur nu dikandung ajén warta, nyaéta….
A.    waktu (timeliness)
B.     aya patalina jeung kahirupan balaréa (significance)
C.     anéh (the unusual)
D.    konflik (conflict)
E.     pawarta


7.      Téks:
** SAMPURASUN//PAMIARSA/LIMA WARTA NU PARANTOS DUGI KA MĚJA REDAKSI BANDUNG TV/SEJA KASANGGAKEUN DINA PIDANGAN WARTA KU BASA SUNDA/TANGGARA PASUNDAN//ĚDISI SENĚN/KAPING DALAPAN MARET 2020//SIMKURING PUN YENI HERLINA/NU BARIS NGADUGIKEUN WARTA SALENGKEPNA//
Sempalan warta di luhur numutkeun strukturna kaasup…..
A.    bubuka
B.     audio
C.     eusi
D.    panutup
E.     pamungkas

8.      Téks:
ĚTA NU DARĚMO TĚH/NGAGEGEKAN BURUAN POLDA JABAR/DINA ORASINA/ANU ARUNJUK RASA NGADONGSOK/SANGKAN POLDA BISA SAGANCANGNA NGARĚNGSĚKEUN KASUS KORUPSI BANTUAN SOSIAL ATAWA BANSOS KABUPATĚN BANDUNG/LANTARAN DINA ERONGANANA/DANA A-P-B-D KABUPATĚN BANDUNG TAUN 2015-2016 NU NITIH 3 MILIAR TĚH GEUS DIKORUPSI/ĚTA UNJUK RASA KUNGSI DIEUREUNKEUN KU PULISI LANTARAN ĚTA MAHASISWA TĚH ARASUP KA BURUAN GEDUNG POLDA JABAR .

Dina sempalan warta di luhur, mahasiswa nu demo téh ngadongsok sangkan….
A.    nalungtik dana APBD Kabupatén Bandung 2015-2016
B.     pulisi gancang ngaréngsékeun korupsi Bansos Kabupatén Bandung
C.     para mahasiswa ditarima di jero gedung
D.    para mahasiswa bisa nepikeun orasina hareupeun Kapolda Jawa Barat
E.     para mahasiswa bisa nepikeun orasina tetep di buruan

9.       Téks:
Mimiti taun ajaran anyar 2019/2020, komponén biaya nu diterapkeun ka mahasiswa téh SPP wungkul. Ieu nu disebut SPP tunggal. Teu siga komponén nu loba pisan saperti ayeuna, aya pungutan satuan kredit semester (SKS), sumbangan pendidikan, SPP, jeung sajabana. Dipiharep standar biaya ieu jadi patokan supaya biaya kuliah bisa kahontal.

Sempalan warta di luhur ngabahas ngeunaan….
A.    harga BBM
B.     sistem satuan kredit smester (SKS)
C.     biaya kuliah
D.    sumbangan pendidikan
E.     standar biaya

10.   Pasanggiri bakal dilaksanakeun tanggal 17 Agustus 2017, tempatna di Gedung Kesenian Kemuning Gading, tabuh 09.00 nepi ka réngsé.”

Sempalan warta di luhur ngabahas ngeunaan….
A.    pasanggiri
B.     17 Agustusan
C.     aula Serba Guna
D.    waktu pasanggiri
E.     warta sakola

11.  Pikeun nanyakeun ‘kaayaan’ ilaharna digunakeun kecap pananya….
A.    naon
B.     mana
C.     kumaha
D.    naon
E.     naon sabab

12.  Kecap pananya pikeun nanyakeun ‘tempat’ lumangsungna kajadian nu diwartakeun ngagunakeun kecap….
A.    naha
B.     kumaha
C.     ka mana
D.    ka saha
E.     di mana

13.  Ieu di handap anu lain padika atawa tatakrama siaran dina radio, nyaéta ….
A.    nataharkeun heula naskah keur siaran, ulah nyinggung SARA
B.     paham kana eusi naskah
C.     latihan vocal (sora)
D.    make basa anu étis (sopan, bener, tur merenah)
E.     make baju anu alus tur serasi

14.  Hal-hal anu henteu kaasup kana padika maca naskah warta, nyaéta….
A.    keuna dina cara diuk jeung maké mik
B.     bisa maca naskah warta
C.     alus peta jeung dangdanan (mun dina TV)
D.    marahmay (mun dina radio)
E.     alus artikulasi, lentong, jeda, jeung ngoncrang sora

15.  Salah sahiji jenis pagawéan dina dunia jurnalistik anu pancenna ngaliput warta di lapangan tur ngalaporkeun ka publik, boh dina wangun tulisan atawa lisan nyaéta….
A.    éditor
B.     reporter
C.     kameramen
D.    rédaktur
E.     pérs



2 komentar: