|
1.
Karangan rékaan dina wangun lancaran (prosa fiksi)
anu panjang tur alur caritana ngarancabang (kompléks) disebut….
A.
carpon
B.
cartibag
C.
hikayat
D.
dongéng
E.
novel
2.
Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta….
A.
Gogoda ka Nu
Ngarora karya M.A. Salmun
B.
Pangéran Kornél
karya R. Méméd Sastrahadiprawira
C.
Baruang ka Nu
Ngarora karya D.K. Ardiwinata
D.
Pipisahan karya
R.A.F
E.
Lain Éta
karya Moh. Ambri
3.
Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri novel,
nyaéta….
A.
tokohna loba
B.
karangan non fiksi
C.
alurna panjang
D.
latarna laluasa
E.
eusina nyaritakuen kahirupan sapopoé
4.
Ti dinya kusiwel Nyi
Dampi nyokot potrét Aom Usman tina pésak baju kutang; sor disodorkeun ka Nyi
Rapiah, bari luak liuk ka tukang, bisi aya nu ngawaskeun. Ku Nyi Rapiah
ditampanan bari imut, tuluy diilikan didangdak déngdék. Ngomong jero atina
“Emh, sok komo teuing buktina, potrétna sakieu kasépna, surup jadi putra ménak.
Nya ieu lalaki nu matak ngagégélokeun awéwé téh.”
Unsur dominan
dina sempalan novel di luhur nyaéta….
A.
téma
B.
alur
C.
tokoh/penokohan
D.
amanah
E.
jihat sawangan
5.
Téks:
Sabot keur
kitu jebul Nyi Haji Abdul Rauf, nyampeurkeun ka pangkeng. Nyi dampi pahibut
nyumputkeun potret, sieuneun kaperego ku Nyi Haji.
Numutkeun sempalan novel di luhur, unsur instrinsik nu dominan
nyaéta….
A.
téma
B.
watek (penokohan)
C.
alur
D.
latar
E.
amanah
6.
Téks:
Barang bréh Nyi Dampi nénjo Nyi Rapiah datang ka bengong,
bet jadi geulis kabina-bina. Bijil cahaya meni mancur. Turug-turug geus lila
teu papanggih. Baréto mah can bisa ngomé manéh . Ngomong dina jero atina, “Sameureun
Aom Kusman mani kokolopokan palay ka Nyi Rapiah, da sakie geulisna.”
Watek
tokoh dina éta novel digambarkeun tina….
A.
penampilan jeung réngkak polahna
B.
dedeg pangadeg jeung kahayangna
C.
kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana
D.
caritaan tokoh séjén
E.
disebutkeun langsung ku pangarangna
7.
Téks:
Bongan teu tibareto, da ku abah ogé moal burung
dihaturkeun, lamun enyaan mah.
Kecap enyaan
dina sempalan novel di luhur bisa diganti ku kecap….
A.
sombong
B.
serius
C.
leulues
D.
sopan
E.
ambeuk
8.
Kecap rundayan dirarangkénan ka—an nu hartina ‘teu
dihaja’, aya dina kalimah….
A.
Mang Junéd kacilakaan di jalan cagak.
B.
Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan di jalan.
C.
Kang Ubun téh kabuktian
teu salah.
D.
Balik ti Pangandaran téh kapeutingan da macét di jalan.
E.
Kuring kabeneran
panggih jeung manéhna di péngkolan.
9.
Kang Asép keur antri kadaharan di tempat hajatan.
Kecap
kadaharan dina kalimah di luhur pungsina pikeun ngawangun kalimah….
A.
sipat
B.
barang
C.
pagawéan
D.
katerangan
E.
pananya
10. Téks:
“Ema ... Emaa,
Emaaa! Asep nimu artos! Nimu artos!”
Haté jol-jol
ngarasa bungah, nenjo adi nimu duit. Asa kaubaran meureun kacapéna, sasapu
buruan sakitu legana heg nimu duit, Ema ogé lirén didamelna, nyelang neuteup
Asep nu nyampeurkeun némbong-némbong duit panimu.
Pangarang nempatkeun dirina dina éta carita salaku ....
A.
jalma kahiji
B.
jalma kahiji jeung
kadua
C.
batur
D.
jalma kadua
E.
jalma katilu
11. Téks:
“Ih, sanés kitu, ari sayaktosnamah mah Embi téh jaba
rék dagang bari ngemban dawuhan Aom Kusman ka Nyai, saurna palay wawuh. Upami
Nyai keresa wawawuhan sareng anjeunna, mangga éta lélépén ngahaturanan. Da
saenyana mah éta téh kagunganana, lain dagangan.”
Unsur instrinsik anu
dominan ti sempalan novel di luhur nyaéta….
A.
téma
B.
tokoh/watek
C.
alur
D.
jihat sawang
E.
amanah
12.
“Meureun enya, jauh. Déwék ogé ukur semet dédéngé
tara.”
Babasan dédéngé tara dina éta kalimah ngandung harti….
A.
Ngadéngé bébéja tapi teu puguh leunjeureunana
B.
Ngadéngé béja teu pati jelas
C.
Ngdéngé béja anu can puguh bener henteuna
D.
Béja anu dibéjakeun deui ka nu séjén
E.
Teu méré béja pisan
13.
“Manéhna geus jadi nonoman anu keur meujeuhna buta
tulang buta daging.”
Paribasa keur meujeuhna buta
tulang buta daging dina éta kalimah ngandung harti keur meujeuhna….
A.
dipiara hadé-hadé
B.
beuki dahar
C.
daékan mun dititah
D.
gedé napsu hirup di dunya
E.
hésé mun dititah
14.
Kecap rundayan dirarangkén ka-an nu hartina ‘teu
dihaja’, aya dina kalimah….
A.
Mang Junéd kacilakaan
di jalan cagak.
B.
Basa balik ti sakola, Dadan kahujanan di jalan.
C.
Kang Ubay téh kabuktian
teu salah.
D.
Balik ti Pangandaran téh kapeutingan da macét di jalan.
E.
Kuring kabeneran
panggih jeung manéhna di péngkolan.
15.
Jalma nu kacanduan narkotik téh diubaran di Pesantrén
Suryalaya.
Kecap kacanduan ngandung harti….
A.
teu dihaja
B.
kakeunaan
C.
hal nu sipatna
D.
hal nu di…
E.
dihaja
|
Sabtu, 09 Mei 2020
LATIHAN SOAL NOVEL (KELAS XI SEM 2)
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar