Kamis, 16 April 2020

Hanjuang ti Kutamaya: Sempalan Carita Babad Sumedang (Kelas X)

Hanjuang Beureum ti Kutamaya:
Sempalan Babad Sumedang



Hanjuang beureum (sumber google image)


        Kacaturkeun Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon. Ari sababna, pangéran Geusan Ulun (Raja Sumedang) ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangéran Girilaya (Raja Cirebon). Méméh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon téh ngaraso heula, ngarumpul di hiji tempat anu tiiseun. Maksudna mah bari rék ngatur siasat.

        Kacaturkeun Aki Sayang Hawu, patih Karajaan Sumedang lar ngaliwat tempat panyumputan pasukan Cirebon téa. Kacida reuwaseunana. Tuluy bae Aki Sayang Hawu téh atuh nyamar jadi aki-aki baramaén, leumpangna ogé jajarigjeugan bari mawa iteuk. Tuluy ngadeukeutan pasukan Cirebon.

        “Ieu téh pasukan ti mana? Naha nyarumput di dieu?”

        “Lamun Aki hayang nyaho, kami téh ti Cirebon. Arék ngarurug Sumedang. Arék maéhan Prabu Geusan Ulun,” ceuk salasaurang prajurit.

        Ngadéngé jawaban kitu, geuwat Aki Sayang Hawu indit. Kituna téh tetep wéh nyamar jadi aki-aki baramaén. Sanggeus jauh ti nu ngumpul téa, leumpang ngabelesat kawas kilat. Maksudna rék geuwat bébéja ka Prabu Geusan Ulun.

        Sadatangna, pok Ki Sayang Hawu unjukan,”Kanjeng Prabu, di leuweung aya pasukan Cirebon rek ngarurug. Tapi teu kudu salempang, kuring siap jadi taméng. Jurungkeun waé, pasti kuring bakal bisa ngéléhkeun pasukan Cirebon!”

        “Kaula percaya ka Aki, tapi tetep kudu mawa balad!” ceuk Prabu Geusan Ulun.

        “Mangga. Ngan kuring aya paménta. Bade melak hanjuang beureum di alun-alun karaton. Éta téh pertanda, mun éta hanjuang daunna garing, tandana kuring éléh. Tapi mun éta hanjuang daunna angger, hartina kuring masih kénéh hirup.”
        “Heug!” ceuk Prabu Geusan Ulun.

        Cedok Ki Sayang Hawu nyembah, terus indit néangan hanjuang. Hanjuang téh dipelakkeun di alun-alun. Geus kitu mah arindit, dibaturan ku tiluan: Ki Nangganan, Ki Kondang Hapa, jeung Ki Térong Péot.

        Kacaturkeun Ki Sayang Hawu jeung baturna nu tiluan geus nepi ka tempat pasukan Cirebon kumpul. Teu loba tatanya, dér wéh perang campuh. Opatan ngalawan ratusan. Tapi teu ieuh éléh najan opatan ogé, lantaran Ki Sayang Hawu ngawatek ajian weduk banyu jeung halimunan. Ajian weduk banyu téh mun dikadék lir cai, liput sapada harita. Ari halimunan mah bisa ngaleungit ngadadak. Antukna mah pasukan Cirebon téh éléh. Nungtutan lalumpatan kamana daék. Tuluy dibarerik ku nu opatan. Ki Sayang Hawu papisah jeung baturna anu tiluan, sabab masing-masing jongjon ngabeberik musuh. Perangna tilu poé tilu peuting. Saréngséna perang, nu tiluan teu kungsi panggih jeung Ki Sayang Hawu. Ki Nangganan nu pangheulana balik téh. Tuluy waé bébéja ka Prabu Geusan Ulun . kajadian di peperangan dicaritakeun taya nu kaliwat. Waktu Prabu Geusan Ulun nanyakauen ngeunaan Ki Sayang Hawu, Ki Nangganan teu ngajawab. Da mémang teu apaleun téa. Nya dicaritakeun wé kajadian sabenerna.

        “Boa-boa perlaya,” ceuk Parbu Geusan Ulun.

        “Duka atuh, kirang terang lebah dinyana mah,” témbal Ki Nangganan.
        Ngadéngé jawaban Ki Nangganan kitu, hate Prabu Geusan Ulun mimiti dilimpudan kasieun. Sieun pasukan Cirebon ngarebut karaton tur maéhan dirina. Teu lila terus waé ngajak pindah ka sakumna eusi nagara. Ngajugjug ka suku gunung Rengganis, di daérah Dayeuh Luhur.

        Kacaturkeun Ki Sayang Hawu nu disangka perlaya, saéstuna mah waktu harita pahibut ngudag musuh, Ki Sayang Hawu teu ngaberik musushna. Antukna Ki Sayang Hawu téh balik deui ka tempat perang mimiti, bari néangan baturna nu tiluan téa. Digeroan euweuh waé. Panyangkana nu tiluan téh tos perlaya. Padahal Ki Nangganan sabatur-batur mah baralik ti heula. Haténa sedih kacida. Geus puguh kitu mah tuluy balik ka Sumedang. Ngan barang nepi ka Sumedang, kasampak di karaton euweuh sasaha. Nagara gé tiiseun, euweuh jelema saurang-urang acan. Nempo kaayaan kitu, ras Ki Sayang Hawu téh inget ka jangjina ngeunaan tangkal hanjuang. Tuluy ditéang. Tangkal hanjuang nu dipelak ku manéhna di alun-alun téh hirup kénéh.

        Ceuk pikirna, “Prabu Geusan Ulun téh henteu nempo hanjuang. Henteu nurut kana papatah aing.”

        Ti dinya terus indit, néangan urang Sumedang nu arindit ka mana. Teu kungsi lila, papanggih jeung jelema nu lalar liwat. Kakara waé meunang béja yén ayeuna téh caricingna di Dayeuhluhur.

        Tina nyeuri peurih asa dihianat, Ki Sayang Hawu leumpangna gagancangan. Jog baé ka Dayeuhluhur. Gancang ku Prabu Geusan Ulun dibagéakeun.
        “Bagéa Aki,” ceuk Prabu Geusan Ulun.

        Ki Sayang Hawu teu ngajawab. Teu lila pok ngomong, sorana ngageter, “Kunaon Kanjeng Prabu ngalih?”

        “Demi nyalametkeun diri, euweuh deui cara kudu pindah nagara. Alesanana mah kuring meunang béja yén Aki téh perlaya di peperangan,” ceuk Prabu Geusan Ulun.
        “Kapan kuring geus nyieun tanda ku tangkal hanjuang?”

        “Kuring téh poho. Komo sanggeus papanggih jeung batur Aki nu tiluan nyebutkeun teu panggih deui jeung Aki, teg wé kuring téh Aki geus perlaya,” ceuk Prabu Geusan Ulun.

        Harita Aki Nangganan aya, milu ngariung. Barang karéréteun ku Aki Sayang Hawu, geuwat dirontok. Ditubles ku kujang pusaka. Nempo kajadian kitu, Prabu Geusan Ulun teu bisa kukumaha. Teu lila ti harita, Aki Sayang Hawu indit kaluar ti karaton bari pokna,” Aing cadu moal ngawula ka nu teu tumarima.”

        Nepi ka maotna, urang Sumedang euweuh nu apaleun di mana tempatna. Ngan ceunah Ki Sayang Hawu téh sabenerna mah teu maot., tapi tileum di Kabuyutan Dayeuhluhur. Nepi ka kiwari tempat paragi tilemna loba nu ngajarahan, ngan aya pantangna, ulah make batik motif Jawa atawa motif Cirebon.***

Dicutat tur diropéa tina buku Kandaga Carita (2009)
Karya Rani Rabiussani kaca 48-50

Kandaga Kecap
dirurug
ngiwat
baramaén
jajarigjeugan
maéhan 
geuwat
bébéja
salempang
balad
éléh
angger
arindit
perang campuh
najan
ngawatek
dikadék
liput sapada harita
ngaleungit
Antukna
Nungtutan lalumpatan kamana daék
dibarerik
jongjon ngabeberik musuh
Saréngséna 
teu kungsi panggih
pangheulana
Boa-boa perlaya
dilimpudan kasieun
sakumna
saéstuna
pahibut ngudag musuh
kasampak
tiiseun
karéréteun
Aing cadu moal ngawula ka nu teu tumarima

ngajarahan

diserang
menculik
pengemis
tertatih-tatih
membunuh
segera
memberitahu/bercerita
khawatir
pasukan
kalah
tetap saja
pergi
perang berkecamuk
meskipun
memiliki
ditebas senjata tajam
hilang saat itu juga
menghilang
akhirnya
bergantian berlarian kemana saja maunya
dikejar-kejar
(masing-masing) focus mengejar musuh
Selesai
tidak sempat bertemu
paling dahulu
mungkin sudah tewas
diliputi rasa takut
seluruh
sebenarnya
sibuk mengejar musuh
Nampak/terlihat
sunyi
sekilas terlihat/melirik
saya pantang berbakti kepada orang yang tidak tau berterimakasih
menjiarahi



2 komentar: