Jumat, 03 April 2020

PARAFRASEU SAJAK




Harti Parafraseu/parafrasa nyaéta ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana wangun séjén. Upamana waé, sajak dicaritakeun deui kana wangun basa lancaran (prosa). 

Tujuanna nyaéta supaya leuwih paham kana naon maksud atawa harti anu dikandung tina hiji téks.

Padika nyusun parafraseu:
a.       Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan gemet;
b.       Catetkeun kekecapan nu dianggap hésé, tuluy paluruh harti jeung sinonimna;
c.       Tuliskeun deui éta sajak make basa sorangan;
d.       Tepikeun hasil parafraseu di hareupeun babaturan

Wanda Parafraseu
1.     Parafraseu Kauger, nyaéta ngarobah sajak kana basa lalancaran (prosa) ku cara nambahan atawa nyelapkeun kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna.
Conto:
SAJAK ASLI
SAJAK DIPARAFRASEU
BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar

Mun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamaléla
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba kénéh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian


 Mun seug nataan papan réklame
China Town Pizza Hut Sukiyaki
McDonald Kentucky Hoka Hoka Bento
Ngaran urang mah nyalingkir
Ka pipir-pipir

BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar

Mun seug urang rék nataan jalan di Bandung.
Bakal manggihan jalan Dipati Ukur, Sulanjana,  Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, Pajajaran jeung loba kénéh jalan séjénna
Anu make ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku ngaran-ngaran anyar jalan  nu lian

Kitu deui mun seug nataan papan réklame,
urang bakal nempo atawa maca aya China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, jeung  Hoka Hoka Bento
ngaran-ngaran  réklame anu make basa Sunda atawa make ngaran urang mah nyalingkir ka pipir-pipir, kaéléhkeun ku ngaran tina basa asing.




2.       Parafraseu Bébas, nyaéta ngarobah sajak kana basa lancaran make kekecapan sorangan. Kecap-kecap anu aya dina sajak aslina bisa dipaké bisa henteu.
Conto:

SAJAK ASLI
SAJAK DIPARAFRASEU
BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar

Mun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamaléla
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba kénéh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian


 Mun seug nataan papan réklame
China Town Pizza Hut Sukiyaki
McDonald Kentucky Hoka Hoka Bento
Ngaran urang mah nyalingkir
Ka pipir-pipir

BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar

Sajak “Bandung” karya Eddy D. Iskandar téh eusina nyaritakeun ngeunaan kaayaan dayeuh Bandung jaman ayeuna. Loba ngaran-ngaran jalan anu make ngaran karuhun Sunda saperti Dipati Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, jeung Pajajaran, ayeuna kaéléhkeun pamorna ku ngaran jalan-jalan anyar. Kitu deui, took-toko atawa réstoran anu make ngaran Sunda, ayeuna mah geus kaéléhkeun ku took-toko atawa réstoran anu make ngaran tina basa asing, saperti China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald,  Kentucky, Hoka Hoka Bento.



11 komentar: