Senin, 13 April 2020

RARANGKEN BARUNG KA-AN (KELAS XI)



RARANGKÉN BARUNG KA-AN



Rarangkén barung nyaéta rarangkén anu dipakéna babarengan pikeun ngawangun guna (fungsi) jeung harti kecap. Ciri utama rarangkén barung nyaéta: upama salasahiji rarangkénna dilaan, éta kecap téh teu bisa madeg mandiri.
Rarangkén barung béda jeung rarangkén gabung. Ari rarangkén gabung mah mangrupa gabungan dua rarangkén atawa leuwih anu ngawangun guna jeung harti kecapna henteu babarengan. Cirina: upama salasahiji rarangkénna dilaan, tetep mibanda harti mandiri. Bisa disebutkeun kieu: rarangken anu digabungkeun kana wangun dasar anu geus dirarangkénan. Jadi henteu babarengan cara dina rarangkén barung.
Rarangkén ka—an mangrupa salah sahiji rarangkén barung (konfiks) pikeun ngawangun kecap-kecap rundayan dina Basa Sunda. Sacara umum rarangkén ka—an ngawangun kecap barang.
Rarangkén ka—an: warna jeung harti kecap nu diwangunna
Warna kecap
Harti
Conto
barang
"hal anu patali jeung ... " atawa "anu sipatna ... "
kaéndahan, kageulisan, kaamanan, kajayaan, kaagungan, kanyataan, kapastian
barang
"anu di-... " atawa "anu di-...-keun "
kaolahan, kaperluan, kapentingan
barang
"tempat (anu patali jeung) ... "
kacamatan, kabupatén, kalurahan, kawedanaan, karésidénan
pagawéan pasif
"teu kahaja ... " atawa "teu kahaja keuna ku (pagawéan)... "
kakotoran, kacaahan, kadiukan, kaancikan, kabangsatan, kacopétan
pagawéan pasif
"teu dihaja aya dina kaayaan ... "
kalaparan, kakurangan
pagawéan pasif
"bisa di-...-an "
kacumponan, katedunan
sipat
"bisa di-...-keun "
kabuktian
sipat
"teu dihaja ... " atawa "teu dihaja keuna ku ... "
kabeneran, kalepasan, kapanasan, katiisan, kabeurangan, kapeutingan


Conto dina kalimah:
1.       Kecap pagawean anu make imbuhan ka-an jadi kecap pagawean pasif, saperti kanyahoan, karacunan. Conto kalimahna : Kamari aya lima orang anu karacunan ku sampeu.
2.       Conto kecap kaayaan nu make imbuhan ka-an saperti kaamisan, kaasinan. Conto kalimahna : Atuh eta nyieun cikopi teh ulah kaamisan teuing geura.
3.        Conto kecap barang anu make imbuhan ka-an saperti kamajuan, kanyataan. Conto kalimahna : Ari pambangunan teh kuduna mah ditujukeun pikeun kamajuan urang sarerea, lain ngan saukur pikeun sakelompok jelema wungkul.


27 komentar:

  1. Adrian satrio Irawan
    Kelas IXB pak Rizky

    BalasHapus
  2. SAPHIRA WULANDARI
    KELAS :IXB PA RIZKY

    BalasHapus