Kamis, 09 April 2020

NOVEL (MATERI)




Novel nya eta karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa. Umumna eusi novel teh panjang, henteu pondok kawas carita pondok(carpon). Kusabab panjang, galur caritana atawa plotna ngarancabang(loba). Ku kituna bisa midangkeun rupa-rupa tokoh(palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter masing-masing tokohna. Eusina ngindung kana kajadian sapopoe. Jadi henteu kawas dongeng, sanajan sarua fiksi, carita dina novel mah kaharti ku akal teu siga dongeng.

Novel Sunda nu mimiti medal nya éta Baruang Kanu Ngarora nu ditulis ku D.K. adiwinata dina taun 1914, dipedalkeun ku Balai Pustaka. Novel Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia, sabab novel dina basa Indonesia mah kakara aya dina taun 1920 (Azab dan sengsara, Merani siregar).

Carita dina novél biasana mah sok dipasing-pasing dina bab atawa bagian.dumasar kan caritana, novel bisa dipasing-pasing jadi:
  1. Novel silih asih               : nu nyaritakeun cinta asmara palaku utama
  2. Novel kulawarga             : nyaritakeun masalah kulawarga palaku utama
  3. Novel sosial                    : nyaritakeun atawa nyoko kana masalah sosial masarakat
  4. Novel misteri                  : nyaritakeun hal-hal nu ngandung rusiah
  5. Novel sajarah                  : nyaritakeun kajadian sajarah
  6. Novel jiwa/psikologi       :nyaritakeun kayaan kajiwaan
Sababraha pangarang novel Sunda:
  1. D.K. adiwinata                               : Baruang kanu Ngarora
  2. Joehana                                           : Carios Agan Permas
  3. R.Memed Sastrahadiprawira          : Pangéran Kornel
  4. Ahmad Bakri                                  : Payung Butut
  5. Yosef Iskandar                                : Perang bubat
Ciri-ciri novel:
Di urang mah rajeun dibedakeun antara novel jeung roman teh. Biasana karya roman dianggep leuwih panjang jeung lengkep batan novel. Tapi, sebenerna mah novel jeungroman teh eta-eta keneh. Ciri-ciri novel nu pangpentingna nya eta:
1.   Wangunna prosa(fiksi) panjang, jauh leuwih panjang batan carpon. 
      Keur ngagampangkeun, upama dicitak cukup keur sabukueun. Upama dibaca nepi ka tamat, 
      moal cukup satengah jam.
2.  Ku sabab panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana biasana rupa-rupa.
3. Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe.

Unsur-unsur dina Novel
A. Unsur Intrinsik.
      Ari unsur intrinsik mah unsur nuaya dina jera caritana. Unsurna tiasa diteang dina dialog-dialog 
      palakuna. Dina narasi-narasina, jsb. 

      Unsur-unsur instrinsik dina novel nya eta:
  1. Téma               : ideu poko carita atawa alpukah utama 
  2. Amanat           : talatah moral anu hayang ditepikeun pengarang ka pamaca
  3. Jejer atawa penokohan : sipat atawa watek
  4. Kasang            : tempat, wayah, kaayaan. kumaha carita éta nyokot settingna
  5. Sudut pandang : posisi pengarang dina carita.
  6.  Galur : jalanna ca rita
Aya galur maju, galur mundur jeung  galur campuran.
  • Galur maju : carita anu dimimitian ti mimiti nepi ka ahir kajadian
  • Galur mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal kajadian.
  • Galur campuran : campuran tina galur maju jeung galur mundur.
  • Gaya basa: basa anu dipaké pengarang

B. Unsur Ekstrinsik.
      Ari unsur ekstrinsik mah unsur-unsur anu aya di luar carita novel. Unsur ekstrinsik mah biasana 
      ngungkapkeun tentang unsur-unsur di masarakat, anu aya dina eta carita. Jadi urang kudu 
      nyimpulkeun sorangan unsur ekstrinsik tina carita nu geus aya. Unsur-unsur di masarakat teh 
      contona unsur ageman, unsur moral, unsur budaya, jsb.

     Unsur-unsur ekstrinsik dina novel nya eta:
  1.   Kasang tukang pangarang.
  2.  Wayah sarta tempat pangarang nulis caritana.
  3.  Unsur budaya, moral, ageman, pulitik, sosial, atikan.
  4.  Identitas buku.

23 komentar:

  1. Harap tinggalkan komentar sebagai petanda sudah melakukan literasi...hatur nuhuun.

    BalasHapus