Kriteria Penilaian
|
Skor
(100)
|
2.
Suara
3.
Keberanian
4.
Ekspresi
5.
Penghayatan
|
20
17,5
15
12,5
20
17,5
15
12,5
20
17,5
15
12,5
20
17,5
15
12,5
20
17,5
15
12,5
|
Sabtu, 11 April 2020
RUBRIK PENILAIAN MEMBACA PUISI/SAJAK
Carita Babad Sumedang | Kemelut Cinta Prabu Geusan Ulun dan Ratu Haris Baya
CARITA BABAD SUMEDANG
Kemelut Cinta Prabu Geusan Ulun dan Ratu Haris Baya
Kemelut Cinta Prabu Geusan Ulun dan Ratu Haris Baya
Sejarah Romantis antara Prabu Geusan Ulun Sumedang Larang dengan Ratu Haris Baya -Istri Sultan Cirebon.
Naskah Carita Babad Sumedang (CBS)sesuai dengan nama dan jenisnya sebagai babad sudah barang tentu mengandung unsur-unsur sejarah di dalamnya.
Sejarah yang diperoleh dari karya-karya tulis ini dapat membantu kita dalam usaha mempelajari, mengetahui, memahami kebudayaan dan peradaban masa lampau.
Materi Carita Babad Bagian ka-2 : Conto-conto Judul Carita Babad, Sebara...
Ieu video ngajelaskeun
ngenaan materi Carita Babad (Bagian kahiji) pikeun pangajaran Basa Sunda di
tingkat SMA, nu eusina ngeunaan:
1. Conto-conto Judul Carita Babad
2. Sejarah
Sebaran Karajaan Sunda
3. Définisi "Ratu" Dina Istilah Karajaan Sunda.
Materi Carita Babad Bagian Ka-1 : Medar Perkara Babad, Jenis Babad, Stru...
Ieu video ngajelaskeun
ngenaan materi Carita Babad (Bagian kahiji) pikeun pangajaran Basa Sunda di
tingkat SMA (kelas X), nu eusina ngeunaan:
1. Medar Perkara Babad
2. Asal-Usul Babad
3.
Jenis-jenis Babad
4. Struktur Carita Babad
Kamis, 09 April 2020
NOVEL (MATERI)
Novel nya eta karya rekaan (fiksi) dina wangun prosa. Umumna eusi novel teh panjang, henteu pondok kawas carita pondok(carpon). Kusabab panjang, galur caritana atawa plotna ngarancabang(loba). Ku kituna bisa midangkeun rupa-rupa tokoh(palaku), kajadian, sarta laluasa medar karakter masing-masing tokohna. Eusina ngindung kana kajadian sapopoe. Jadi henteu kawas dongeng, sanajan sarua fiksi, carita dina novel mah kaharti ku akal teu siga dongeng.
Novel Sunda nu mimiti medal nya éta Baruang Kanu Ngarora nu ditulis ku D.K. adiwinata dina taun 1914, dipedalkeun ku Balai Pustaka. Novel Sunda lain pangaruh tina sastra Indonesia, sabab novel dina basa Indonesia mah kakara aya dina taun 1920 (Azab dan sengsara, Merani siregar).
Carita dina novél biasana mah sok dipasing-pasing dina bab atawa bagian.dumasar kan caritana, novel bisa dipasing-pasing jadi:
- Novel silih asih : nu nyaritakeun cinta asmara palaku utama
- Novel kulawarga : nyaritakeun masalah kulawarga palaku utama
- Novel sosial : nyaritakeun atawa nyoko kana masalah sosial masarakat
- Novel misteri : nyaritakeun hal-hal nu ngandung rusiah
- Novel sajarah : nyaritakeun kajadian sajarah
- Novel jiwa/psikologi :nyaritakeun kayaan kajiwaan
Sababraha pangarang novel Sunda:
- D.K. adiwinata : Baruang kanu Ngarora
- Joehana : Carios Agan Permas
- R.Memed Sastrahadiprawira : Pangéran Kornel
- Ahmad Bakri : Payung Butut
- Yosef Iskandar : Perang bubat
Ciri-ciri novel:
Di urang mah rajeun dibedakeun antara novel jeung roman teh. Biasana karya roman dianggep leuwih panjang jeung lengkep batan novel. Tapi, sebenerna mah novel jeungroman teh eta-eta keneh. Ciri-ciri novel nu pangpentingna nya eta:
1. Wangunna prosa(fiksi) panjang, jauh leuwih panjang batan carpon.
Keur ngagampangkeun, upama dicitak cukup keur sabukueun. Upama dibaca nepi ka tamat,
moal cukup satengah jam.
2. Ku sabab panjang, tokohna loba sarta kajadian nu dicaritakeunana biasana rupa-rupa.
3. Jejer jeung eusina nyaritakeun kahirupan sapopoe.
Unsur-unsur dina Novel
A. Unsur Intrinsik.
Ari unsur intrinsik mah unsur nuaya dina jera caritana. Unsurna tiasa diteang dina dialog-dialog
palakuna. Dina narasi-narasina, jsb.
Unsur-unsur instrinsik dina novel nya eta:
- Téma : ideu poko carita atawa alpukah utama
- Amanat : talatah moral anu hayang ditepikeun pengarang ka pamaca
- Jejer atawa penokohan : sipat atawa watek
- Kasang : tempat, wayah, kaayaan. kumaha carita éta nyokot settingna
- Sudut pandang : posisi pengarang dina carita.
- Galur : jalanna ca rita
Aya galur maju, galur mundur jeung galur campuran.
- Galur maju : carita anu dimimitian ti mimiti nepi ka ahir kajadian
- Galur mundur : carita anu dimitian ti akhir kajadian nepi ka awal kajadian.
- Galur campuran : campuran tina galur maju jeung galur mundur.
- Gaya basa: basa anu dipaké pengarang
B. Unsur Ekstrinsik.
Ari unsur ekstrinsik mah unsur-unsur anu aya di luar carita novel. Unsur ekstrinsik mah biasana
ngungkapkeun tentang unsur-unsur di masarakat, anu aya dina eta carita. Jadi urang kudu
nyimpulkeun sorangan unsur ekstrinsik tina carita nu geus aya. Unsur-unsur di masarakat teh
contona unsur ageman, unsur moral, unsur budaya, jsb.
Unsur-unsur ekstrinsik dina novel nya eta:
- Kasang tukang pangarang.
- Wayah sarta tempat pangarang nulis caritana.
- Unsur budaya, moral, ageman, pulitik, sosial, atikan.
- Identitas buku.
Jumat, 03 April 2020
PARAFRASEU SAJAK
Harti Parafraseu/parafrasa
nyaéta ngarobah wangun karangan atawa nyaritakeun deui eusi karangan kana
wangun séjén. Upamana waé, sajak dicaritakeun deui kana wangun basa lancaran
(prosa).
Tujuanna nyaéta
supaya leuwih paham kana naon maksud atawa harti anu dikandung tina hiji téks.
Padika nyusun parafraseu:
a.
Maca atawa ngaregepkeun anu maca sajak kalayan
gemet;
b.
Catetkeun kekecapan nu dianggap hésé, tuluy
paluruh harti jeung sinonimna;
c.
Tuliskeun deui éta sajak make basa sorangan;
d.
Tepikeun hasil parafraseu di hareupeun babaturan
Wanda Parafraseu
1. Parafraseu Kauger, nyaéta
ngarobah sajak kana basa lalancaran (prosa) ku cara nambahan atawa nyelapkeun
kekecapan, nepi ka sajak téh kaharti eusi atawa maksudna.
Conto:
SAJAK
ASLI
|
SAJAK
DIPARAFRASEU
|
BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar
Mun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamaléla
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba kénéh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian
Mun seug nataan papan réklame
China Town Pizza Hut Sukiyaki
McDonald Kentucky Hoka Hoka Bento
Ngaran urang mah nyalingkir
Ka pipir-pipir
|
BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar
Mun seug urang rék nataan
jalan di Bandung.
Bakal manggihan jalan Dipati
Ukur, Sulanjana, Ranggamaléla,
Wastukancana, Siliwangi, Pajajaran jeung
loba kénéh jalan séjénna
Anu make ngaran-ngaran
karuhun
nu kalindih ku ngaran-ngaran
anyar jalan nu lian
Kitu deui mun seug nataan
papan réklame,
urang bakal nempo atawa maca aya
China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, jeung Hoka Hoka Bento
ngaran-ngaran réklame anu make basa Sunda atawa make ngaran
urang mah nyalingkir ka pipir-pipir, kaéléhkeun
ku ngaran tina basa asing.
|
2. Parafraseu Bébas, nyaéta
ngarobah sajak kana basa lancaran make kekecapan sorangan. Kecap-kecap anu aya
dina sajak aslina bisa dipaké bisa henteu.
Conto:
SAJAK ASLI
|
SAJAK DIPARAFRASEU
|
BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar
Mun seug nataan jalan
Dipati Ukur Sulanjana Ranggamaléla
Wastukancana Siliwangi Pajajaran
loba kénéh ngaran-ngaran karuhun
nu kalindih ku nu lian
Mun seug nataan papan réklame
China Town Pizza Hut Sukiyaki
McDonald Kentucky Hoka Hoka Bento
Ngaran urang mah nyalingkir
Ka pipir-pipir
|
BANDUNG
Karya: Eddy D. Iskandar
Sajak “Bandung” karya Eddy D. Iskandar téh eusina
nyaritakeun ngeunaan kaayaan dayeuh Bandung jaman ayeuna. Loba ngaran-ngaran
jalan anu make ngaran karuhun Sunda saperti Dipati Ukur, Sulanjana,
Ranggamaléla, Wastukancana, Siliwangi, jeung Pajajaran, ayeuna kaéléhkeun
pamorna ku ngaran jalan-jalan anyar. Kitu deui, took-toko atawa réstoran anu
make ngaran Sunda, ayeuna mah geus kaéléhkeun ku took-toko atawa réstoran anu
make ngaran tina basa asing, saperti China Town, Pizza Hut, Sukiyaki, McDonald, Kentucky, Hoka Hoka Bento.
|
Langganan:
Postingan (Atom)

