Selasa, 01 Desember 2020

LATIHAN SOAL SEMESTER 1 KELAS X

  

LATIHAN SOAL

 

1.      Ieu di handap anu bisa digunakeun pikeun ngaalihbasakeun nyaéta . . . .


A.               

B.

                     
       C.

      D.

       E.

 

2.      Sembilan bulan Anita mengandung anaknya yang pertama

Kalimah di luhur lamun ditarjamahkeun kana basa Sunda jadi saperti ieu di handap nyaéta . . . .

A.    Salapan bulan Anita kakandungan anakna nu munggaran

B.     Salapan bulan Anita reuneuh anak ka hiji

C.     Salapan bulan Anita kakandungan anak hiji

D.    Salapan bulan Anita téh kakandungan anak anu ngan hiji-hijina

E.     Salapan sasih Anita kakandungan anak nomer hiji

3.       Salasahiji padika narjamahkeun nu hadé iwal ti . . . .

A.    kudu satia kana téks aslina sarta némbongkeun kajujuran

B.     perhatikeun kalawan daria jeung sumanget susasna dina karangan aslina

C.     Hasil tarjamahan téh ulah katémbong minangka karya tarjamahan

D.    Kudu ngaguluyur saperti karangan aslina

E.     Luyukeun waé sakahayang saupama gaya basana luhur urang bisa make gaya anu basajan waé

 

4.      Ieu di handap nu teu kaasup kaonjoyan (keunggulan) google translet nyaéta . . . .

A.    Ngarojong sakabéh basa

B.     Média diajar basa deungeun

C.     Leuwih babari digunakeun

D.    Bisa nuduhkeun kumaha ngocapkeunana

E.     Kandaga kecap anu teu saluyu

 

5.      Covid-19: Singgetan tina Corona Virus Disease-19, nyaeta hiji ngaran virus Corona anyar nu muncul ahir taun 2019 di kota Wuhan, Cina. Ti Cina terus nyebar ka ampir kabeh nagara di sakuliah dunya, kaasup Indonesia.

 Tarjamah di luhur dina Bahasa Indonesia nyaéta….

A.    Covid-19: Kependekan dari Corona Virus Disease-19, yaitu nama virus Corona baru yang muncul akhir tahun 2019 di Kota Wuhan, Cina. Darii Cina terus menyebar ke hampir seluruh dunia, termasuk Indonesia.

B.    Covid-19: Kepanjangan dari Corona Virus Disease-19, yaitu nama virus Corona baru yang muncul awal tahun 2019 di Kota Wuhan, Cina. Darii Cina terus melingkupi ke hampir seluruh dunia, termasuk Indonesia.

C.   Covid-19: Singkatan dari Corona Virus Disease-19, yaitu satu nama virus Corona baru yang muncul awal tahun 2019 di Kota Wuhan, Cina. Darii Cina terus melingkupi ke hampir seluruh dunia, termasuk Indonesia.

D.   Covid-19: Singkatan dari Corona Virus Disease-19, yaitu satu nama virus Corona baru yang muncul akhir tahun 2019 di Kota Wuhan, Cina. Dari Cina terus menyebar ke hampir seluruh dunia, termasuk Indonesia.

E.    Covid-19: Nama lain dari Corona Virus Disease-19, yaitu nama virus Corona baru yang muncul akhir tahun 2019 di Kota Wuhan, Cina. Dari Cina terus menyebar ke hampir seluruh dunia, termasuk Indonesia.

 

6.      Metode pamariksaan nu digunakeun keur ngadeteksi antibodi nu diproduksi dina awak jalma keur ngalawan virus Corona. Carana, sampel getih disedot tina tungtung ramo. Tuluy sampel getih dipariksa make alat rapid test (siga alat test kehamilan). Hasilna bakal kanyahoan dina waktu 10-15 menit.

Istilah di luhur mangrupakeun harti ti salah sahiji istilah nu aya patalina jeung pandemi Covid-19, nyaeta...

A.    Rapid test

B.     OTG

C.     Lock down

D.    Social Distancing

E.     APD

7.      Teu kagambarkeun rurupaan jeung adeg-pangadeg sémah nu datangna tumarojong.

 

Sempalan carita di luhur lamun ditarjamahkeun kana basa Indonesia jadi saperti ieu di handap nyaéta . . . .

A.    Tak mampu kugambarkan, bagaimana rupa tamu yang datang tiba-tiba itu

B.     Tak terbayangkan rupa dan sikap tamu yang datang berbondong-bondong

C.     Tidak tergambarkan bagaimana rupa perawakanmu yang datang tiba-tiba

D.    Tidak dapat menggambar bagian wajah dirimu yang datang tiba-tiba

E.     Tak terimajinasikan bagaimana rupa wajahmu yang datang bersama-sama

 

8.       Istilah "tarjamah" téh asalna tina basa Arab. Ari dina basa Inggris mah disebutna ….

A.    languange

B.     lecture

C.     translation

D.    transaction

E.     task

 

9.       Sangkan babari nalika narjamahkeun téks, sarta sangkan hasilna merenah, kalintang pentingna urang mibanda kamus. Kamus anu kalintang pentingna pikeun narjamahkeun nyaéta kamus . . . .

A.    istilah

B.     asing

C.     énsiklopédi

D.    dwibasa

E.     ekabasa

 

10.  Paribasa nu mangrupa tarjamah tina basa Indonésia nyaéta….

A.    Adam lali tapel.

B.     Wong becik ketitik won gala ketoro.

C.     Aya hurang handapeun batu.

D.    Waktu sarua jeung duit.

E.     Gindi pikir belang bayah.

 

11.  Narjamahkeun téh aya padika atawa aturanana. Pangpangna kudu boga kamampuh kamampuh dina basa nu rék diterjemahkeunana. Upamana waé, urang téh rék nerjemahkan basa Sunda kana basa Inggris, tangtu wé urang téh kudu bisa basa Sunda  jeung basa Inggris.

Ieu di handap kaasup kamampuh basa nu kacangking mun urang rék narjamahkeun, iwal (kecuali)  kamampuh….

A.    Gramatikal

B.     fonologis

C.     pragmatik

D.    sosiolinguistik

E.     semantik

 

12.  Kecap-kecap basa Sunda anu hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia, nyaéta kecap…..

A.    panganteur

B.     pangantét

C.     paréntah

D.    panyambung

E.     sulur

 

13.   Narjamahkeun téh aya padika atawa aturanana. Salasahijina kamampuh dina ngaguar harti jeung makna teks nu rékmditarjamahkeun. Umpamana waé dina basa Sunda aya babasan Kurung Batok, naon tarjamahan dina basa Indonesiana? Naha bisa mun ditarjamahkeun sangkan tempurung kelapa? Tangtu wé ditarjamahkeuna téh kudu jadi bagai katak dalam tempurung, nu hartina sarua jeung kurung batok, nyaéta langka indit-inditan. Ku kituna, unggal téks téh ayanu bisa

ditarjamahkeun aya ogé nu heunteu.

Kamampuh anu dimaksud nyaéta….

A.    Pragmatic

B.     Linguistic

C.     Semantic

D.    Fonologis

E.     sosiolinguistik

14.  Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Sunda, nyaéta….

A.    agama

B.     abdi

C.     iman

D.    ahlak

E.     takwa

 

15.  Dina prosés narjamahkeun basa séjén kana basa Sunda, teu sakabéhna kecap atawa kalimah manggih harti anu merenah. Saperti unsur serepan anu acan sagembléngna kaserep kana basa Sunda. Najan kitu aya cara sangkan éta kecap atawa kalimah téh ditulis dina wangun nu angger sarta karasa merenah nalika dibaca. Ku kituna, bisa ditulis ku cara . . . .

A.    digurathandapan

B.     dicondongkeun

C.     dikekentengan

D.    dikandelkeun

E.     biasa

 

16.  Ieu dihandap anu teu kagolong kana runtuyan prosés narjamahkeun nyaéta . . . .

A.    néangan téks wacana anu hadé

B.     maham kana eusi

C.     mariksa (analysis)

D.    mindahkeun (transfer)

E.     ngawangun deui (restructuring)

 

17.    Bahasa merupakan alat komunikasi dan menjadi ciri utama suatu bangsa.

  Ieu di handap minangka kalimah tarjamahan anu merenah, nyaéta . . . .

 

A.    Basa nyaéta pakakas komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

B.     Basa mangrupakeun pakakas komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

C.     Basa nyaéta pakakas komunikasi jeung jadi ciri hiji-hijina hiji bangsa.

D.    Basa mangrupakeun alat komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

E.     Basa mangrupa alat komunikasi sarta jadi ciri utama hiji bangsa

 

18.  Salasahiji wanda kecap dina basa Sunda nu teu aya padanana dina basa Indonesia anu pungsina pikeun nganteubkeun caritaan disebut kecap….

A.    pangantét

B.     panganteur

C.     paréntah

D.    rundayan

E.     sulur

 

19.  Barudak di kelas anu sakitu raména seuseurian téh ngadadak ….jempling nempo Pak Irsyad lebet ka kelas.

Kecap panganteur nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta….

A.    barakatak

B.     bray

C.     jep

D.    jung

E.     jol

 

 

20.  Amir anu tadina keur ngambek, sabot ngadéngé adina ngabodor mah manéhna barakatak….

Kecap pagawéan anu luyu jeung kecap panganteur di luhur nyaéta….

A.    saré

B.     indit

C.     diuk

D.    seuri

E.     hicing

 

21.  Éta Neng Nina karak gé hudang saré langsung wé am….pédah di luhur méja aya baso Réog.

Kecap pagawéan anu luyu pikeun kecap panganteur di luhur nyaéta …

A.    saré

B.     dahar

C.     lumpat

D.    ngambek

E.     nangtung

 

22.  Di usum pandemi saperti kiwari urang teu meunang kaluar ti imah sumawona ka luar kota/wilayah séjén, ka sakola gé teu meunang. Cicing waé diimah nepi ka aya hastag ≠DIRUMAHAJA. Istilah lain nyaéta…

A.    Social distancing

B.    Pysical distancing

C.   Rapid test

D.   Lock down

E.    Work from home

 

 

23.  Cairan zat kimia nu digunakeun keur ngabersihkeun jeung maehan kuman/virus nu nempel dina rupa-rupa barang. Cara ngagunakeunna disemprotkeun maké alat panyemprot. Cairan anu dimaksud nyaéta…

A.    pupuk

B.    disinfektan

C.   infus water

D.   air alkaline

E.    insektisida

 

24.  Tarjamah téh sok disebut ogé alih basa, nyaéta mindahkeun téks tina basa sumber (asal) kana basa séjén. Narjamahkeun disebut ogé nyalin atawa mindahkeun hiji bas aka basa séjén. Lian ti tarjamahan, aya ogé istilah saduran atawa nyadur. Saduran mah narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung latar caritana mah diluyukeun kana kaayaan di urang.

 

Pedaran di luhur nyaritakeun….

A.    définisi tarjamah

B.     définisi saduran

C.     karakteristik tarjamah

D.    karakteristik saduran

E.     bédana tarjamah jeung saduran

 

Bacaan di handap ieu digunakeun  pikeun ngajawab soal nomer 11-14

       Kacaturkeun Prabu Borosngora, anak kadua Prabu Cakradĕwata. Ari Prabu Cakradéwata téh raja Karajaan Panjalu anu kawentar gagah tur sakti, tapi teu percaya kana ayana déwa anu mangsa harita jadi kapercayaan balaréa. Ngaran “Cakra” téh ngandung harti “nolak” kana ayana déwa. Ari ajaran un diagem ku Cakradéwata nyaéta Sunda Wiwitan.

 

       Ku lantaran teu percaya ka déwa, Cakradéwata maréntahkeun Prabu Borosngora pikeun nyuprih élmu anu bisa ngajawab kahamham dirina. Mimitina, Prabu Borosngora téh néangan élmu kadugalan. Tapi, élmu anu diteuleumanana tétéla lain anu dipihareup ku Prabu Cakradéwata. Antukna Prabu Borosngora miang deui ti karajaan. Ngan ayeuna mah Parbu cakradéwata méré sarat. Prabu Borosngora kudu mawa gayung keur mawa cai dina waktuna mulang deui ka karajaan. Tapi éta gayung téh dipolongoan, nepi ka ceuk saréatna mah pamohalan bisa dipaké mawa cai. Malah tong boro mawa, dalah keur nyiuk ogé pamohalan aya cai anu bisa kawadahan.

 

       Najan éta paréntah téh teu asup akal, tapi lantaran paréntah raja, Prabu Borosngora ngagugu ogé. Satengahing lalampahan, di hiji tempat anu mayakpak lir sagara keusik, Prabu Borosngora tepung jeung hiji jalma anu ngarana Sayidina Ali. Ka Sayidina Ali, Prabu Borosngora bébéja seja néangan guru anu mibanda ilmu luhung. Ngadéngé omongan Prabu Borosngora, harita kénéh Prabu Borosngora diajak leuleumpangan ku Sayidina Ali. Basa nepi ka hiji tempat, Sayidina Ali nancebkeun iteukna tur ménta Prabu Borosngora pikeun nyabut éta iteuk. Mimitina Prabu Borosngora nyangka éta paménta jalma anyar pinanggih téh bakal gampang ditedunana. Ceuk pamikirna, naon héséna ukur nyabut iteuk anu ditancebkeun dina keusik. Ngan barang ceg, leungeun Prabu Borosngora rék nyabut éta iteuk, teu wudu ngaranjug reuwas. Iteuk anu ditancebkeun ku Sayidina Ali téh hésé pisan dicabutna. Najan Prabu Borosngora geus usaha satékah polah ngetrukkeun élmuna, iteuk téh tong boro bisa kacabut, oyag ogé henteu. Antukna Prabu Borosngora taluk.

       Sayidina Ali leumpang ngadeukeutan Prabu Borosngora. Bari ngucapkeun basmallah,ukur ku leungeun sabelah, teu sakara-kara iteuk téh kacabut. Nempo éta kajadian, Prabu Borosngora ngarasa hémeng. Ti dinya mah Prabu Borosngora guguru ka Sayidina Ali tur asup kana ajaran anu diagemna, nyaéta agama Islam.

       Sanggeus guguru mangtaun-taun, Prabu Borosngora mulang deui ka Panjalu. Ku Sayidina Ali, Prabu Borosngora dibahanan pedang, jubah bodas, jeung iteuk. Keur nyumponan paménta bapana, Prabu Borosngora mawa cai zamzam anu dibawa dina gayung anu dibawana téa. Sadatangna di Panjalu, éta cai zamzam téh tuluy dibahékeun di hiji léngkob anu nelah Legok Jambu. Anéh, cai anu dibahékeun ku Prabu borosngora téh terus ngocor. Antukna Legok Jambu téh robah jadi situ katelah Situ Panjalu.

 

 

25.  Bacaan di luhur nyaritakeun….

A.    Prabu Cakradéwanta maréntahkeun Prabu Borosngora pikeun nyuprih élmu anu bisa ngajawab kahamham dirina.

B.     Prabu Borosngora tepung jeung hiji jalma anu ngarana Sayidina Ali.

C.     Raja nu teu percaya ka déwa

D.    Sasakala Legok Jambu

E.     Sasakala Situ Panjalu

 

26.  Tokoh anu meré tugas nu teu pamohalan nyaéta….

A.    Prabu Borosngora

B.     Sayyidina Ali

C.     Prabu Cakradéwata

D.    Raja Sagara Keusik

E.     Raja Legok Jambu

 

27.  Kacaturkeun Prabu Borosngora, anak kadua Prabu Cakradĕwata. Ari Prabu Cakradéwata téh raja Karajaan Panjalu anu kawentar gagah tur sakti, tapi teu percaya kana ayana déwa anu mangsa harita jadi kapercayaan balaréa.

Unsur instrinsik nu dominan dina sempalan di luhur nyaéta….

A.    alur

B.     jihat sawang

C.     amanat

D.    penokohan

E.     latar

 

28.  Dina dongéng di luhur aya unsur pamohalan, nyaéta….

A.    Prabu Borosngora kudu  mawa gayung keur mawa cai dina waktuna mulang deui ka karajaan. Tapi éta gayung téh dipolongoan.

B.     Prabu Borosngora ngagugu paréntah Prabu Cakradéwata

C.     Cakradéwata maréntahkeun Prabu Borosngora pikeun nyuprih élmu anu bisa ngajawab kahamham dirina

D.    Prabu Borosngora bébéja néangan guru anu mibanda ilmu luhung

E.     Prabu Borosngora asup Islam

 

29.  Satengahing lalampahan, di hiji tempat anu mayakpak lir sagara keusik, Prabu Borosngora tepung jeung hiji jalma anu ngarana Sayidina Ali.

Kecap lain ti sagara keusik  nyaeta....

A.    wahangan (sungai)

B.     leuweung tutupan (hutan lindung)

C.     lapangan

D.    padang pasir

E.     guha (goa)

 

 

30.   “Sakadang kuya, sakadang kuya..” ceuk sakadang monyet “naon sakadang kuya” tembal sakadang monyet “kuring ngimpi manggih tangkal nangka anu buahna geus arasak, dina mimpi teh katingali deuih tempatna dimana” ceuk sakadang monyet “dimana ?” ceuk sakadang kuya. 

 

Sempalan dongéng di luhur kaasup wanda/jenis dongéng

A.    Fable

B.     Farabel

C.     Mite

D.    Sage

E.     legenda

 

31.  Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib, contona dongeng “Nyi Roro Kidul” jeung “Ngipri ka Siluman Oray” kaasup jenis dongéng….

A.    Fable

B.     Mite

C.     Parabel

D.    Legenda

E.     Sage

 

32.  Ieu di handap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta….

A.    tokoh caritana loba jeung dicaritakeun detail

B.     teu jelas nu ngarangna (anonym)

C.     sumeberna tétélépa sacara lisan

D.    ngandung unsur-unsur pamohalan

E.     awalna kagolong kana sastra lisan

 

 

33.  Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu di handap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta….

A.    purwakanti

B.     téma

C.     palaku

D.    galur

E.     latar

 

34.  Dongéng “Sasakala Tangkuban Parahu” dimimitian ku kasang tukang pangresep raja Karajaan Priangan anu resep moro, ditéma ku lahirna Dayang Sumbi, tuluy lahirna Sangkuriang, ditéma deui ku pundungna Sangkuriang lantaran ditakol ku sinduk ku Dayang Sumbi, Sangkuriang tepung deui jeung Dayang Sumbi tuluy ngajak kawin, niat Sangkuriang bolay, tug kajadian nalapung parahu nepi ka nangkub.

 

Runtuyan kajadian dongéng di luhur dina struktur dongéng disebut….

A.    téma

B.     palaku

C.     purwakanti

D.    galur

E.     latar

 

35.  Ditilik tina jenis-jenis (warna) dongéngna, dongéng Si Kabayan ngala nangka téh asup kana  warna dongéng ….

A.    fable

B.     farabel

C.     sasakala

D.    sage

E.     mite

 

 

Téks dongéng ieu pikeun ngajawab soal no. 36  nepi ka 39

 

Dina hiji poé Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir. Manéhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak kuangin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. “Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih kadaharan!” pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina bisana ogé kétang, kateuteu ari, da nagger bakal katéwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna. “Ké heula, Sakadang Maung,” ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manéh. “Naon deui? Anu jelas sia bakal jadi eusi kadut aing!” ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala.

 

36.  Palaku utama dina sempalan dongéng di luhur nyaéta…

A.    Kuya

B.    Maung

C.   Kuya jeung Maung

D.   Kuya jeung Peucang

E.    Peucang

37.  Kumaha sikep kuya sabada digarewahkeun ku Sakadang Maung ?

A. béréhan

B.  reuwas

C.  éléhan

D. bungah

E.  pinter

 

38.  Kumaha sipat Maung nukagambar dina éta dongéng ?

A.    bageur

B.    bengis

C.   éléhan

D.   sopan

E.    hadé lampah

 

39.  Judul dongéng anu luyu pikeun sempalan dongéng diluhur nyaéta…

A. Kuya jeung ajag

B.  Maung dahar kuya

C.  Peucang jeung Kuya

D. Kuya reuwas

E.  Kuya jeung Maung

 

40.   Dongéng-dongéng si Kabayan téh eusina nyaritakeun jalma anu mahiwal, kalakuanana teu lumrah (teu sarua) jeung batur. Naha sipatna téh pikalucueun, pikasebeleun, atawa pikangéwaeun batur. Salian ti dongéng-dongéng si Kabayan, conto dongéng séjénna anu miboga karakter nu sarua nyaéta ....

 

A.    dongéng Kuya jeung Monyét ngala Cau

B.     dongéng Déwi Sri

C.     dongéng Sangkuriang

D.    dongéng si Lamsijan jeung dongéng Abunawas

E.     dongéng Talaga Warna

 

41.  Salah sahiji ciri tina dongéng téh nyaéta ngandung hal-hal nu pamohalan. Dina carita dongéng Si Kabayan Ngala Nangka, bagian mana anu asup kana hal pamohalanana?

A.    Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana.

B.     Nangka nu gedé mah pasti kacida beuratna mun dibawa ku sorangan.

C.     Si Kabayan horéameun lamun kudu manggul éta nangka ka imahna.

D.    Si Kabayan nitah nangka balik ti heula,da ceuk pikirna ari nangkana geus asak tur geus kolot mah, pasti apal jalan balik sorangan.

E.     Nyi Iteung nu keur hamil hayang nangka nu kolot

 

42.  “Punten, Wan. Pang nyandakkeun buku basa Sunda dina kantong kuring!

Nilik kana gunana, éta kalimah téh kaasup kana kalimah….

A.    paménta

B.     panyarék

C.     panitah

D.    pangjurung

E.     pangwadadi

 

43.  Ieu di handap omongan anu henteu kaasup kana kalimah paréntah, nyaéta….

A.    Sampurasun!

B.     Rampés.

C.     Mangga ka lebet!

D.    Teu kénging calik di dinya!

E.     Antosan sakedap,nya!

 

44.  Ieu di handap mangrupa kecap-kecap anu ilahar dipaké dina kalimah paréntah, iwal….

A.    wah

B.     mangga

C.     cing

D.    punten

E.     hayu

 

45.  Carita anu wangunna pondok dina basa lancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebut . . . .

A.    Carpon

B.     Dongéng

C.     Skétsa

D.    Biografi

E.     fiksimini

 

46.   Ieu di handap nyaéta sawatara wanda dongéng diantara ...

A.    fabel, farabel, mite

B.     fabel, sajak, guguritan

C.     sasakala, légénda, carita pantun

D.    farabel, sasakala, fiksimini

E.     sisindiran, wawangsalan, tatarucingan

 

47.  Dumasar kana eusina, dongéng anu disebut legénda téh nyaéta….

 

A.    Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.

B.     Dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.

C.     Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masyarakat kana bangsa lelembut atawa perkara-perkara anu goib.

D.    Dongéng anu eusina nyaritakeun hiji kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina jeung sajarah.

E.     Dongéng anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae bisa nyarita jeng ngagunakeun akan pikiran

48.   Hal-hal atawa aktivitas anu dipilampah ku urang dina hiji waktu di tempat nu tangtu disebutna….

A.    diajar

B.     kagiatan

C.     kajadian

D.    peristiwa

E.     pengalaman

 

49.  Kagiatan nu dilaksankeun ku alpukahna sakola, tapi di luareun kagiatan diajar nu formal, disebutna kagiatan….

A.    kurikulér

B.     formal

C.     nonformal

D.    ékstrakurikulér

E.     informal

 

50.  Kagiatan dipilampah ku ngayakeun indit-inditan ti imah ka tempat tujuan tur dilaporkeun hasilna dina wangun tulisan seperti dina Koran atawa majalah disebutna….

A.    wawancara

B.     néangan warta

C.     lalampahan

D.    touring

E.     panalungtikan

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar