Ramal Ku: Déni A. Fajar Kuring ogé moal protés, pédah batur
sok nyebut gélo ka kuring. Padahal ceuk rasa, waras kuring téh. Ceuk kuring,
jejeg kuring téh. Batur waé sok nyebut otak miring atawa kurang saeundan ka
kuring. Padahal kuring mah ajeg, teu miring teu sing. Padahal ceuk kuring loba nu leuwih gélo
tibatan kuring. Anu gélo mah tuh, anu sok malingan duit nagara. Anu gélo mah
tuh, anu resep ngagasab harta jeung ngarebut hak rahayat. Nu gélo mah tuh,
pamingpin anu norék tara ngadéngé anu ngajerit teu bisa dahar. Anu gélo mah
tuh, pamingpin anu ngahaja meungpeun tina kakayaan rahayatna anu sagala
kakurangan. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu teu bisa mingpin. Nu gélo mah tuh,
pamingpin anu lakuna lain turutaneun. Teu gampang deuleu jadi pamingpin téh.
Gedé deuleu tanggung jawabna jadi pamingpin mah. Ieuh, ta sagawayah deuleu
jadi pamingpin mah. Teu kabéh deuleu bisa jadi pamingpin. Nu matak kuring mah
sok sueri mun ningali nu ngantri pada hayang jadi pamingpin. Nu matak kuring
mah sok ngabarakatak mun aya nu teterejelan hayang jadi pamingpin. Tah, lain
teu waras ngaranna, lamun kabéh hayang jadi pamingpin?. Ieuh sing sadar, ari hirup geus
pada-pada boga hancengan. Moal enya kabéh jadi pamingpin. Lamun batur jadi
pamingpin, atuh urang nu jadi dipingpinna. Apan salat gé, aya imam aya anu
jadi ma’mumna. Jadi rahayat gé, lamun bener jeung bageur mah, apan leuwih
hadé darajatna ti batan pamingpin anu kacrut. Kusabab jadi pamingpin téh lain gawé
énténg, kuring mah teu hayang jadi pamingpin. Mending kieu, hirup bébas
euweuh nu ngatur, euweuh anu nyarék. Mending siga kuring, teu kauger ku
aturan ieu-itu. Nu matak, lamun hayang hirup tumaninah
lepas tina sagala kasusahan, hayu hirup siga kuring. Wassalam.
Dicutat tina buku Kuda Waja: Antologi, NAskah, Monolog Sunda. (Unpad Press, 2016), kaca 19-20 |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar