SISINDIRAN
Sisindiran nyaéta
karya sastra wangun ugeran (puisi) anu eusina dibalibirkeun heula, diwangun
ku cangkang jeung eusi sarta leubeut ku purwakanti.
Purwakanti
nyaeta padeukeutna sada atawa sora kecap-kecap dina ungkara kalimah, klausa
atawa prasa, utamana dina wangun ugeran (puisi); perenahna boh ngarendeng,
ngajajar, horizontal (dina sakalimah, sajajar, sapadalisan) boh ngaruntuy,
pertikal (antar jajaran, antar padalisan).
Dina
rarakitan jeung paparikan, anu murwakanti teh cangkang jeung eusina.
Padalisan kahiji cangkang murwakanti jeung padalisan kahiji eusi; padalisan
kadua cangkang murwakanti jeung padalisan kadua eusi. Ari dina wawangsalan
anu murwakanti téh maksudna (hartina) jeung salasahiji kecap anu aya dina
eusina. Ari cangkangna mangrupa wincikan hiji barang atawa hal anu kudu
ditéangan maksudna téa.
Upama
ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu
golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan,
jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa
dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung
(3) sésébréd.
RARAKITAN
Rarakitan
teh mangrupa sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi dina sapadana.
Disebut rarakitan pedah kecap awal dina padalisan-padalisan cangkang dipake
deui dina padalisan eusi, nepi ka siga masang, ngarakit.
Contona:
Mun urang ngéndong di Bandung,
Geus tangtu kana mahalna.
Mun urang doraka ka indung,
Geus tangtu dorakana.
Upama
nilik kana eusina, rarakitan teh bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan
nyaeta silihasih, piwuruk
jeung sesebréd (lulucon).
-
Rarakitan silihasih nyaeta rarakitan anu eusina patali
jeung silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Mun teu tulus
ka paseukna,
ka pancirna
ogé hade.
Mun teu tulus
ka lanceukna,
ka adina ogé
hadé.
-
Rarakitan piwuruk nyaeta rarakitan anu eusina
piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Peupeujeuh ari
ka Bandung,
ulah meuli
hayam katé.
Peupeujeuh ari
ka indung,
ulah
nganyerikeun haté.
-
Rarakitan sesebréd nyaéta rarakitan anu eusina
salian ti silihasih jeung piwuruk, kayaning lulucon, banyol, tambuh laku,
kritik social, pamitan jeung salian ti éta.
Contona:
Majar manéh
cengkeh konéng,
kulit peuteuy
dina nyiru.
Majar manéh
lengkeh konng,
kulit beuteung
mani nambru.
PAPARIKAN
Paparikan
téh asalna tina kecap parik atawa parek anu ngandung harti deukeut. Ari anu
dimaksud paparikan di dieu nyaeta sisindiran anu ngan padeukeut sorana antara
cangkang jeung eusina. Jadi henteu papak (sarua) kecap dina puhuna.
Contona:
Katumbiri
di Cigeulis,
Ti
Citeureup ka Ciamis.
Kaciri
seuri nu geulis,
Mun
diteuteup beuki manis.
Padalisan
kahiji cangkang padeukeut sorana jeung padalisan kahiji eusi. Di dinya aya
sawatara kekecapan anu padeukeut sorana. Kecap Cigeulis
padeukeut sorana jeung kecap nu geulis,
kecap Ciamis padeukeut sorana jeung kecap manis.
Nilik
kana eusina, teu beda ti rarakitan bae, paparikan oge bisa dipasing-pasing
jadi tilu golongan nyaeta silihasih, piwuruk, jeung sesebred.
- Paparikan silihasih nyaeta paparikan anu eusina
silihasih, cinta atawa birahi.
Contona:
Baju
hideung kancing tangan,
dikaput
ku merang awi.
Nu
hideung matak teunangan,
sing
emut ka diri abdi.
-
Paparikan piwuruk nyaeta paparikan anu eusina
piwuruk, pituah, atawa nasehat.
Contona:
Meuli
kurupuk sadacin
diwadahan
kana kalo
Nu
dipupuk ku prihatin
eta
diasih ku Alloh
-
Paparikan sesebred nyaeta paparikan anu eusina
salian ti silihasih jeung piwuruk saperti lulucon, banyol, tambuh laku,
sanduk-sanduk jeung sajabana ti eta.
Contona:
Piring
katuruban sendok,
ngawadahan
rujak huni.
Kuring
ge baheula denok,
Ayeuna
mah nini-nini
WAWANGSALAN
Wawangsalan
teh nyaeta karangan (sastra) anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindir
diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun,
tapi kudu ditéangan tina bagan eusi. Anu dijieun wangsal téh sok murwakanti
jeung salahsahiji kecap anu aya dina bagian eusi éta.
Tengetan
geura contona dihandap ieu:
Teu beunang
dihurang sawah,
teu beunang
dipikameumeut.
Titenan
geura sawatara conto dihandap ieu:
Belut
sisit saba darat,
kapiraray siang wengi.
(oray)
Imah
ngambang di sagara,
ulah
kapalang nya béla.
(kapal)
Manuk
tukung saba reuma,
uyuhan
daék ka abdi.
(puyuh)
Binaragawan
kasohor,
Horéam
badé paturay.
(Adé
Ray)
|
Senin, 27 Juli 2020
SISINDIRAN (KELAS XI SEM 1)
Minggu, 26 Juli 2020
KECAP RAJEKAN
KECAP RAJEKAN
Titènan
kecap nu dicondongkeun dina kalimah di handap!
Kecap nu mana-mana,
lolobana, kira-kira, jeung pak-pik-pek disebutna kecap rajèkan. Lantaran
kecapna diulang/dibalikan deui (dua
kali atawa 3 kali) boh sabagèan
kecapna, boh salengkepna.
|
MACA LAPORAN KAGIATAN
Laporan
Kagiatan
Kémah
Pramuka SMA Karya Guna
Tahun
Pangajaran 2017/2018
1.
Kasang
Tukang
Kiwari remen kabéjakeun
dina TV atawa koran, aya barudak sakola anu tawuran atawa garelut. Kitu deui,
réa kabéjakeun siswa anu maké internet teu luyu jeung étika. Kitu deui, perlu
ayana atikan karakter ka siswa. Salasahiji kagiatan anu bisa ngamalirkeun
bakat, minat, jeung kamampuh siswa bari jeung ngalatih karakterna téh
ngaliwatan atikan kapramukaan atawa gerakan pramuka di sakola.
Ngaliwatan kagiatan pramuka,
dipiharep siswa bisa némbongkeun manusa
nu mibanda kapribadian jeung kalemesan budi, seukeut mikir (pinter) jeung
tohaga fisikna. Lian ti éta dipiharep
bisa ngajénggélék jadi tungtungan manusa Indonésia anu mibanda jiwa Pancasila
jeung nasionalismeu anu pageuh. Pikeun nedunan harepan-harepan kitu, perlu
diayakeun kagiatan diajar di lapangan ngaliwat Kémah Pramuka.
2.
Tujuan
Kagiatan
Ieu
kagiatan mibanda tilu tujuan, nyaéta:
a. Aktualisasi atikan kapramukaan di
sakola pikeun ngawadahan bakat, karesep, jeung kamampuh siswa;
b.
Ngaronjatkeun pangaweruh, sikep, jeung
kaparigelan siswa salaku anggota Pramuka Penegak;
c. Ngarojong program atikan
kapramukaan jeung atikan karakter di sakola.
3.
Tempat
jeung Waktu Kagiatan
Tempat Kagiatan:
Bumi
Perkemahan Létjén (Purn) Dr. (HC) Mashudi Kwarda Jawa Barat (Buper
Kiarapayung) Kabupatén Sumedang Jawa Barat.
Waktu Kagiatan
Saptu
– Ahad, 15-16 Juli 2017
4.
Pamilon
jeung Calagara
Pamilon:
Jumlah
pamilon aya 150 urag.
Calagara:
Jumlah calagara aya 20 urang, anu
ngawengku: Pupuhu, Girangserat, Panataharta, jeung Anggota anu dibagi jadi
sababaraha séksi/bagian.
5.
Pedaran
Kagiatan
Kagiatan kémah
dimimitian ti poé Saptu, jam 07.00 WIB. Dimimitian ku upacara tanda kagiatan
dibuka. Geus kitu diayakeun rupa-rupa kagiatan atikan kapramukaan. Diayakeun ogé
pasanggiri antarregu ténda dina widang basa jeung seni Sunda, kayaning
pasanggiri biantara jeung kawih. Lian ti éta diajarkeun ogé kagiatan
baris-berbaris, kadisiplinan waktu, jeung P3K. Diajarkeun ogé maca semaphore, sandi kotak jeung sandi
rumput.
Kagiatan kémah
pramuka ditutup dina poé Ahad, jam 08.00 WIB, ku upacara panutupan jeung
béwara pinunjul pasanggiri.
6.
Penutup
Kagiatan kémah pramuka kacida
pentingna dilaksanakeun unggal taun, pangpangna keur siswa kelas X SMA, keur
nuwuhkeun sikep nasionalismeu katut ngaronjatkeun gerakan pramuka di sakola
minangka organisasi kapanduan jeung kapamudaan anu resmi di Indonésia.
|
MACA LAPORAN JURNALISTIK
DISANGKA URANG JEPANG
Aya
dua welas kota nu jadi pribumi Piala Dunya 2006 di Jèrman téh. Hiji-hijina
nya éta Hamburg, Hannover, Gélsénkirchen, Dortmund, Bérlin, Léipzig, Koeln,
Frankfurt, Kaiserlautern, Stuttgart, Nuernbérg, jeung Munchen. Ari Munchén
téh puseur nagara Jérman.
Sajero sabulan leuwih, kudu siap
pipindahan, ti hiji kota ka kota séjénna. Ti hiji stadion ka stadion séjénna.
Untung saméméh jung loba tatanya ka ditu-ka dieu. Pangpangna ka nu kungsi
lila di Jérman. Lian ti éta rajin macaan brosur nu dikaluarkeun ku panitia.
Puguh deui ari mukaan internét
mah. Sirikna teu unggal usik, saban aya waktu kosong tina pagawéan. Ku sabab
tacan pati lila jadi wartawan, can pati réa nagara nu kaanjangan. Ka Eropa
téh kakara ka Inggris, Spanyol, jeung Itali. Kabéh dina raraga ngaliput maénbal.
Pitilupoéeun deui kana derna
kajuaraan, kuring geus aya di Jèrman. Ti Jakarta tumpak Garuda. Henteu bisa
langsung ka Jérman. Tapi nyimpang heula ka Walanda. Ti dinya ganti kapal. cunduk ka kota Munchen, gabung jeung
wartawan Indonésia séjénna.
Nungguan prungna kajuaraan, henteu
bisa ulin sangeunahna. Puguh waé upama ngagugu haté mah, hayang ka ditu,
hayang ka dieu. Tapi, rék ninggalkeun fan camp téh, komo lila-lila teu weléh melang. Sabab loba mawa alat-alat
gawé. Diantarana laptop, kaméra, jeung rupa-rupa lénsa. Sieun sabot kuring
indit-inditan, aya jelema jahat asup ka jero fan camp. Ari kudu dibabawa jaba
rébo téh, beurat deuih.
Fan camp téh sarua jeung kémah.
Ngan eusina leuwih lengkep. aya dapur, kamar mandi, lian ti tempat saré téh.
Di unggal kota tempat kajuaraan lumangsung, sok aya fan camp. Saré di fan
camp jauh leuwih murah batan di hotél. Upama séwa pangmurahna antara sajuta
nepi ka dua juta satengah poé, di fan camp mah cukup saparapatna. Matak
kacida larisna.
Bobotoh ti mana-mana, lolobana
marilih saré di fan camp. Sabab kajeun daratang ti nagara-nagara maju, henteu
kabéh jelema baleunghar. Sabalikna urang Indonésia, kajeun nagarana miskin,
loba nu ‘ngontrak’ hotél béntang lima. Mangkaning taripna téh aya nu lima
juta sapeuting.
Sakali mangsa kuring kudu ngaliput
pertandingan Inggris jeung Swédia. Tempatna di FIFA World Cup Stadium
Colegne, Kota Koeln. Urang Jerman mah nyarebutna: Stadion Mungersdorfer atawa
Rhéin Enérgi Stadion. Gedéna cukup keur 46.120 urang nu lalajo. Kira-kira
sarua jeung Stadion Jalak Harupat Bandung.
Siga kumaha alusna éta stadion,
hésé dicaritakeunana. Jukutna bangun empuk, héjo rata kawas buludru. Luhurna
bisa ditutup jeung dibuka. Keur ngalusan éta stadion, pamaréntah satempat
méakeun waragad Rp 165 milyar leuwih. Ngalusan wungkul èta téh, lain nyieun.
Saperti biasa sadatangna ka Kota
Koeln, nu pangheulana ditéangan téh tempat pamondokan murah. Cilakana, sakali
ieu mah, geus teu bisa ngamangpaatkeun fan camp. Sabab geus béak ku para
bobotoh Inggris jeung Swédia.
Iwal bobotoh pribumi, bobotoh
Inggris téh jumlahna pangréana. Persis kawas bobotoh Persib lamun kasawelasan
kadeudeuhna maén di Senayan. Keur ngabédakeun gampang pisan. Lian ti kaos nu
dipakéna, kalakuanana ogé béda.
Biasana téh ngarombongan jeung salangar. Di urang mah, kira-kira
sarua jeung Bonék, bobotoh Persébaya. Bonék téh “bondo nékat” indit ti
imahna, ukur modal nékad. Tangtu baé bobotoh Inggris mah marekel duit cukup.
“Haben
Sie éin Zimmer fréi?” cék kuring mah méh-méhan putus
asa, ka patugas hostél (losmén). Aya kénéh kamar kosong?
Naha atuh lain buru-buru ngajawab,
kalah malik nanya, “Anjeun urang Jepang? Kuring milu sedih, waktu tim anjeun
éléh ku Ustrali,”cenah.
“Kuring mah lain urang Jepang.
Kuring urang Indonésia”
“Urang Indonésia? Rék naon
jauh-jauh ka dieu? Apan tim anjeun mah teu milu kajuaraan?”
“Kuring wartawan. Naha teu meunang
wartawan Indonésia ngaliput Piala Dunya?” témbal kuring keuheul.
Duka lantaran nénjo beungeut
kuring siga nu nyaan ngambek, manéhna buru-buru ménta dihampura. Teu poho
ngabéjaan, teu jauh ti losménna, aya apartemen nu rék diséwakeun. Pernahna di
Hélénenwall Strasse.
Nu bogana hiji pangsiunan,
ngaranna Guénther Poeperl. Umurna ampir 70 taun. Taripna 39 Euro sapeuting.
Kira-kira Rp 500 Rébo. Keur ukuran Jérman mah, katitih murah pisan. Kabeneranana téh deuih, Si Opa Poeperl téh
kacida bageurna. Atuh urut capé kukurilingan néangan pamondokan téh, ahirna
asa kaubaran.
|
Langganan:
Postingan (Atom)