Sabtu, 05 September 2020

BAHAN TEKS MONOLOG PIKEUNLALAKI (SISWA)

 

Ramal

Ku: Déni A. Fajar



        Ngaran kuring Ramal. Ngan sakitu-kituna. Euweuh papanjangna. Kuring teu nyaho naon pangna kuring diaranan Ramal. Kuring gé moal protés pédah ngaran kuring lain Obama atawa Léonél Méssi. Kuring moal protés sabab ceuk kuring ngaran alus moal aya mangpaatna mun kalakuan mahiwal jeung papalingpang tina bebeneran.

       Kuring ogé moal protés, pédah batur sok nyebut gélo ka kuring. Padahal ceuk rasa, waras kuring téh. Ceuk kuring, jejeg kuring téh. Batur waé sok nyebut otak miring atawa kurang saeundan ka kuring. Padahal kuring mah ajeg, teu miring teu sing.

      Padahal ceuk kuring loba nu leuwih gélo tibatan kuring. Anu gélo mah tuh, anu sok malingan duit nagara. Anu gélo mah tuh, anu resep ngagasab harta jeung ngarebut hak rahayat. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu norék tara ngadéngé anu ngajerit teu bisa dahar. Anu gélo mah tuh, pamingpin anu ngahaja meungpeun tina kakayaan rahayatna anu sagala kakurangan. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu teu bisa mingpin. Nu gélo mah tuh, pamingpin anu lakuna lain turutaneun.

       Teu gampang deuleu jadi pamingpin téh. Gedé deuleu tanggung jawabna jadi pamingpin mah. Ieuh, ta sagawayah deuleu jadi pamingpin mah. Teu kabéh deuleu bisa jadi pamingpin. Nu matak kuring mah sok sueri mun ningali nu ngantri pada hayang jadi pamingpin. Nu matak kuring mah sok ngabarakatak mun aya nu teterejelan hayang jadi pamingpin. Tah, lain teu waras ngaranna, lamun kabéh hayang jadi pamingpin?.

       Ieuh sing sadar, ari hirup geus pada-pada boga hancengan. Moal enya kabéh jadi pamingpin. Lamun batur jadi pamingpin, atuh urang nu jadi dipingpinna. Apan salat gé, aya imam aya anu jadi ma’mumna. Jadi rahayat gé, lamun bener jeung bageur mah, apan leuwih hadé darajatna ti batan pamingpin anu kacrut.

       Kusabab jadi pamingpin téh lain gawé énténg, kuring mah teu hayang jadi pamingpin. Mending kieu, hirup bébas euweuh nu ngatur, euweuh anu nyarék. Mending siga kuring, teu kauger ku aturan ieu-itu.

       Nu matak, lamun hayang hirup tumaninah lepas tina sagala kasusahan, hayu hirup siga kuring.

Wassalam.

 

Dicutat tina buku Kuda Waja: Antologi, NAskah, Monolog Sunda.

(Unpad Press, 2016), kaca 19-20  


BAHAN TEKS MONOLOG PIKEUN WANOJA (SISWI)


Ngeunteung

Ku: Téddi Muhtadin



 

MANÉHNA JONGJON NGEUNTEUNG. NEUTEUP IMEUT KANA BAGIAN-BAGIAN BEUNGEUT JEUNG AWAKNA: IMUT, KERIUNG, JEBI, JSB.

 

       Ih geus pucengis deui, geuning tanda cinta téh. Tanda cinta anu tara bisa dibobodo téa. Hé hé …jarawat. Emh…mani beureum kieu. Pencét kitu? Ah sieun peurih. Antep waé? Asa ngagokan deuih. Tapi…ké ké ké…asa jadi nyari. Keun ah urang ingkeun nepi ka asakna, jiga cinta kuring nu ayeuna keur ngacambah, kaluar tina kulumudna, ngudag cahaya anu sumorot ti soca anjeun, Akang. Mu…ach!

        Éh enya bener, jadi panyari geuning. Panyari kana beungeut kuring, anu ceuk batur mah, ngala ka indung. Saur bapaa mah irung jeung halis kuring téh nyeplés pisan pangambung sareng kening mamah. Ari gado ngala ka enin, nini kuring. Naon deui nu jiga mamah téh nya? Oh enya, biwir jeung buuk. Jiga kembar cenah kuring jeung mamah téh.

       Tah palebah awak, jigana ngala ka bapa. Malah lebah leumpang mah cekih pisan, pada-pada ngagareblay. (NURUTAN LEUMPANG BAPA). Saur mang Omén mah kuring téh fotokopian bapa. Ari bapa, nya ti saha deui, ari lain fotokopian ti bapana deui mah, nya ti aki kuring. Cenah éta ogé, da kuring mah teu kungsi tepang. Anjeunna kabujeng ngantunkeun. Mugi ditampi iman-islamna, diasih ku Gusti Nu Mahasuci. (BEUKI ANTEB NEUTEUP EUNTEUNG).

       Euleuh-euleuh…éta saha nu kalaluar tina kalangkang beungeut kuring? Walah beuki ngalobaan. Ambuing… Oh… kaharti ayeuna mah. Enya dina diri kuring téh aya mamah, aya bapa, aya aki, aya enin, aya uyut, aya bao…aya karuhun. Emh… enya… aya walungan cinta nu ngembat panjang deuih. Panjang pisan. Ngaliwatan abad-abad kahirupan éta walungan téh ngocor ti rama Adam jeung ibu Hawa, terus ka karuhun, ka nini-aki, ka indung-bapa, terus ngamuara dina diri kuring. Enya, enya muhun. Aya cinta aranjeun dina diri kuring téh. Enya, enya, muhun. Insya Alloh, kanyaah kadeudeuh aranjeun anu ngamuara dina diri kuring, moal dikotoran, moal digeugeuleuh. Mugi Gusti ngaping ngajaring ka diri abdi.

       Ayeuna mah haté kuring keur meujeuhna bungah. Cinta mekar dina dada bareng jeung jarawat anu melentung dina ieu pipi. Beu… geura ngarandakah, terus kembangan, terus buahan. Éta walungan cinta nu ngamuara dina diri kuring, keur sina ngamalir terus… terus .ka anak, incu, buyut, bao, terus… nepi ka turunan nu pangjauhna. Pancén kuring sakuat tanaga sangkan éta kasucian wahangan cinta téh ngamalir nepi ka samudera rahmat Pangéran. Insya Alloh.

       Ieu jarawat beuki asak. Ieu haté beuki nyanyautan. Akang ari ayeuna aya di mana?

 

Dicutat tina buku Kuda Waja: Antologi, NAskah, Monolog Sunda.

(Unpad Press, 2016), kaca 17-18.